Pasosore Mama Ajengan masihan khotbah di hiji pangaosan : "Ibu-ibu, 
bapa-bapa nu dimulyakeun Alloh, Salah sahiji kawajiban umat Muslim 
kudu berehan, daek barang-bere kanu butuh. Leuwih hade mere tinimbang 
dibere. Jeung lamun barang bere teh, nu hade mah mere barang anu 
alus, lain barang nu teu kapake ku urang atawa barang nu teu 
dipikaresep ku urang. Insya Alloh amal jariah ibu-ibu sareng bapa-
bapa bakal meunang babales ti nu Kawasa"

Saatosna mulih ka bumina ti pangaosan, Mama Ajengan nguriling ka 
tukang bumina, maksudna mariksa hayam pelung kameumeutna da biasana 
ari sore-sore teh hayam sok kongkorongok, ari ieu henteu kareungeu. 
Ari ditingali kana kandangna, hayam teh geus teu aya. Mama Ajengan 
kacida ngajenghokna, gancangan, nyauran putrana, si Asep,

"Asep, Asep .... ari hayam Mama kamana?", ceuk Mama teh.

Si Asep norojol nyampeurkeun, nyarios bari melong, "Dipasihkeun ka 
Mang Santa, Mama, da tadi anjeunna peryogi hayam jago, cenah mah 
kanggo salametan anakna, pedah damang tina udurna"

"Hah, dibikeun keur dipeuncit?, nyaho apan eta teh hayam kameumeut 
Mama!"

Si Asep rungah-ringeuh, reuwas, tapi teras nyarita:" Apan saur Mama 
oge tadi di pangaosan, lamun mere teh kudu nu dipikaresep, kudu nu 
dipikameumeut, ngarah engke aya babalesna tinu Kawasa!"

Mama Ajengan ngahuleng sajongjonan, tapi teras 
ngaharewos: "Sssttt ...Asep eta mah KEUR KA BATUR, lain keur urang!"

Baktos,
WALUYA







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke