muhun pami teu lepat mah eta teh kawitna ti sumedang, sanes?...
diayakeun kanggo ngarayakeun murangkalih anu disepitan...
nyaeta nincak baleg dina agama islam.
dilambangkeun ku kuda renggong teh diantawisna nyilokakeun
yen kuda teh kuat, tara parotes(protes) / nurut kanu janten dunungan,

atuh urang oge supados tiasa kiat / kuat / panceg dina ngalaksanakeun
dina kayakinan / iman urang, oge sagala rupi anu diparentahkeun ku Gusti
teh kedah didamel ku urang tanpa pamrih, nawar2...da pasti parentah
Gusti Nu Maha Tunggal mah teu aya sanes sadaya kanggo kasaean urang2
keneh...

leres oge dihubungkeunana sareng tokoh2 pawayangan kapungkur, kumargi
kuda renggong sok nganggo topeng pami teu gatot kaca, tokoh sanes anu
garagah, pokona mah judulna ksatria...anu garagah/karuat oge.

tah pami urang tos cumpon dina bab "kuda" tadi...insya Allah baris dipaparin
kakuatan/kakiatan sapertos kuda...utamina dina prak2an padamelan urang
sebagai manusa. boh padamelan agama atanapi padamelan usaha, oge padamelan2
sanesna....insya Allah bakal ngawujud sikep karuat sapertos ksatria dina pawayangan
eta.
anu cara umumna mah...sae wujud oge sae padamelanana...
gagah wujud, oge ksatria lebetanana...

utamina mah kanggo jinis Lanang....

tah, ayeuna abdi bade naros....kecap ksatria kumaha tah, hartos sareng pamaksadanana...
nyuhunkeun guaranana, manawi aya anu tiasa ngabagi ka sim kuring...



hatur salam,

Jaka.



anu dipikahareupkeun supados urang oge

kumincir wrote:

yey... saur saha kuring heureuy? Mani teu direken nya uing mah serius ge... heuheu...
Nyaan, Teh... Meureun kieu... Jaman baheula, jaman populerna kuda renggong, tokoh2 anu dipikaresep ku barudak teh tangtuna nu garagah nu garandang, sedengkeun jaman harita, kagagahan anu dalit jeung masarakat teh di antarana nya tokoh2 pawayangan...

On 24/08/06, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@sidola.com> wrote:

Edassss* ari Kang Kumi*.naros seurieus*kalahka heureuy*
Sugan manawi, naha tiasa nganggo acuk dina pawayangan aya asal muasalna*.



--
sikandar
kumincir.blogspot.com

--
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke