heuheu mun mimiti nengetan postingan mh dihandap kuring ngarenjag halah mh emosi yeuh. komo deuih bari nyabit-nyabit ngaran kuring asa jadi kababawa. ngan basa ningali jawaban mh tina jawaban kang aj kana postingan ieu kakara eunggeuh euh geuning jigana geus dalit ieu dua urang teh :))
ngeunaan masalah pupuh simkuring satuju ka kang aj, dua pada pupuh nu dibaledogkeun anjeunna bisa jadi masalah gede lamun teu ditambahan katrangan mana nu make rumusan pupuh mana nu ukur tandak atawa panambih, jadi ari asupan (masukan kitu?) ti kuring mah leuwih hade upama dua pada pupuh nu dimasalahkeun geuwat dibere katrangan. heuheu heuy deuh ngan jadi era sorangan ngomong kieu teh. jangji nyeken buku pupuhna mangkoko keur bahan referensi nepi ka ayeuna can katedunan. hampura mh!
wasalam,
dh
make d leutik h leutik ngarah leuwih simetris, make D gede jeung H gede mah asa lain uing euy :D
Hehehe, lain AJ ari perkara pupuh, nu dimaksud masalah
gede teh nu mana euy? Ari ente maca teu postingan Kang
DH, cenah numutkeun bukuna Mang Koko, pada kadua nu
teu tumut kana rumus pupuh teh, memang lain pupuh euy,
tapi disebutna TANDAK alias PANAMBIH. Kira - kira
gunana sarua jeung samarana meureun euy mun karedok
mah. Geura we pek ku ente dengekeun, da ceuk dedengean
uing mah, ngeunah keneh pada kadua euy tibatan pada
kahiji. Sabab pada kadua mah galindengna tembang teh
dipirig ku jentrengna kacapi deuih.
salam,
mh
--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lain pupuh bae anu jadi masalah gede teh, tapi
> ngeunaan basa oge. Naha Jurusan Bahasa Daerah UPI
> bisa diandelkeun? Terus terang mangmang kuring
> mah... Geus waktuna kudu aya "majelis ulama" Basa
> Sunda ("ulama" teh ti dituna mah pan ahli ilmu,
> lain...?) Ieu mah "otokritik", ceuk kuring mah
> Babakan Kusnet oge can pantes ngaluarkeun
> "standar/bakuan" ngeunaan Sunda/Kasundaan, sanajan
> sok aya hiji dua padungdengan niat "ngabakukeun".
> Bener, eta teh alus pisan, ngan hasilna kudu
> disaluyuan ku "majelis ulama" tea.
>
> Ilikan geura di handap padungdengan antara PR,
> UPI, jeung Penerbit buku "Pinter Basa Sunda Pikeun
> Murid SD". Ngahaja dikantetkeun jeung padungdengan
> masalah pupuh tiheula.
>
> Teuing rek kumaha Basa Sunda jeung Kasundaan teh
> ka hareupna...
>
> AJ
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak].![]()
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

