ehm... bener pisan saur kang Aj teh, kiwari sanes pupuh wungkul nu jadi masalah, malahan basa sunda ku anjeun geus jadi masalah pikeun urang salerea.

Tong waka ningali batur, dalah kuring sorangan ge basa sunda teh can bisa bener, boh dina cumarita pon kitu deui dina nulis mas leuwih hese pisan. Tah mun tea mah urang rek malikeun deui Kasundaan, cik...cik...cik... timana heula kira-kira memeresna nya?

sugan atuh ke dina acara Republik Halal bi Halal di Keresek Garut, sing kaguar ieu masalah teh.

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehe, lain AJ ari perkara pupuh, nu dimaksud masalah
gede teh nu mana euy? Ari ente maca teu postingan Kang
DH, cenah numutkeun bukuna Mang Koko, pada kadua nu
teu tumut kana rumus pupuh teh, memang lain pupuh euy,
tapi disebutna TANDAK alias PANAMBIH. Kira - kira
gunana sarua jeung samarana meureun euy mun karedok
mah. Geura we pek ku ente dengekeun, da ceuk dedengean
uing mah, ngeunah keneh pada kadua euy tibatan pada
kahiji. Sabab pada kadua mah galindengna tembang teh
dipirig ku jentrengna kacapi deuih.

salam,
mh

--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:

> Lain pupuh bae anu jadi masalah gede teh, tapi
> ngeunaan basa oge. Naha Jurusan Bahasa Daerah UPI
> bisa diandelkeun? Terus terang mangmang kuring
> mah... Geus waktuna kudu aya "majelis ulama" Basa
> Sunda ("ulama" teh ti dituna mah pan ahli ilmu,
> lain...?) Ieu mah "otokritik", ceuk kuring mah
> Babakan Kusnet oge can pantes ngaluarkeun
> "standar/bakuan" ngeunaan Sunda/Kasundaan, sanajan
> sok aya hiji dua padungdengan niat "ngabakukeun".
> Bener, eta teh alus pisan, ngan hasilna kudu
> disaluyuan ku "majelis ulama" tea.
>
> Ilikan geura di handap padungdengan antara PR,
> UPI, jeung Penerbit buku "Pinter Basa Sunda Pikeun
> Murid SD". Ngahaja dikantetkeun jeung padungdengan
> masalah pupuh tiheula.
>
> Teuing rek kumaha Basa Sunda jeung Kasundaan teh
> ka hareupna...
>
> AJ

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Get your own web address for just $1.99/1st yr. We'll help. Yahoo! Small Business. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke