Haturan Vie, abdi seuseurian sorangan tengah wengi. Untung seuri abdi teu siga Mak Lampir. Sok lah geura ngabodor deui.

vie <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Surat It Nini
Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran
Bingung
Is Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.
Patugas : Aya nu tiasa di bantos In?
Nini    : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya
Parangkona?
Patugas : Aya atuh In piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon
Deui?
Nini    : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga In Ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini    : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!
Terus we petugas the nulis surat nu sakitu panjangna di dikte Ku Is Nini.
Geus anggeus     nya dibikeun ka Is Nini supaya di aos heula.
Patugas : Mangga di aos heula In!
Nini    : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura
Nini upama tulisanana butut!
Patugas : He, ari is Nini ....!
 
Geus Cageur
Aki : Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?
Incu : Atos Ki!
Aki : Kumaha ngabejakeunana ?
Incu : Pa Ustad, tahlilan the teu cios...
 
Sibuk
Dupi Bapa na aya kitu ? Ceuk sora dina telepon.
Saurang budak anu narima ETA telepon ngajawab bari haharewosan : Aya, tapi
Nuju sibuk.
Ari Ibu ?
Sami, mamah GE nuju sibuk, ceuk budak bari angger ngaharewos.
Saha deui atuh anu aya didinya ?
Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk; angger ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun, Naha nuju saribuk naon atuh neng ?
Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng
 
Manuk
Sabaraha mang manuk ieu hargana ? Ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh anu cicing bae, ETA
Mah dua juta, bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
Har, naha bet Mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?
His, pan ETA anu nyiptakeun laguna...!!
 
Ibu-ibu jeung Ibu-ibu
Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka babaturanana : Kapaksa
Kuring mah menta ditalak ka salaki.
Naha, kunaon kitu ? Ceuk babaturanana.
Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah bordil.
Oh, jadi salaki the lalaki laki-laki hidung belang, nyah ?
Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil the pan keur neangan kuring! Tembal is
Ibu.
 
Dokter jeung ibu-ibu
Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana mah
Apanan mung 25 rebu? Ceuk saurang ibu-ibu Tina telepon ka saurang dokter
Gigi langganan anakna.
Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik pisan,
Dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur, walon Dokter gigi kalem
 
Dokter jeung Aki-aki
Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca the, ceuk saurang
Dokter ka saurang pasena anu geus aki-aki.
Rematik the panyakit nanahaon atuh Dok ? Ceuk is Aki malik nanya.
Rematik the salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu
Ngalantaranakeunana
Tiasa bae kumargi Aki tos sepuh....
Is Aki gancang motong omongan dokter, Ah ulah sok ngabobodo kitu, abong kena
Ka aki-aki. Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah
Apanan sarua jeung nu kenca?
 
Pejuang
Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing mani
Ageung, ceuk   saurang budak ka indungna.
Ka Neneng naros? Ceuk indungna.
Muhun. Saurna the, Neng.... Bade meser lahang?
 
 SALAH SANGKA
>

> Kareta Api barang nyemprung it wetan ka kulon keun. Kabeneran disisi rel nu deukeut ka station aya tukang lotek keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab dagangannana geus beak Kari samarana wungkul. Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum, masinis ngerem kareta api DA disangkana aya bahaya. Terus nolol Tina kaca jandela bari nanya ka tukang lotek: "Aya naon, Bi?" "Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!"


> **

>
> SALAH NGADAHAR UBAR
>

> Aya hiji dokter asli orang Jawa, dines na the di tanah sunda. Puguh weh saban Poe pasien nu datang oge lolobana urang Sunda, kapaksa we kudu bias basa sunda, maklum di kampung. Hiji waktu aya pasien nu keur diubar.

> Pasien: "Kumaha aturan dahar na ieu ubar the dok?"
> Dokter: "Tah ieu, anjing-anjing siji, beurit siji, sesana jeger isuk na."
> Atuh puguh weh ETA pasien the bener-bener jeger isuk na DA salah ngadahar ubar.

> **

>
> BEO PINTER
>

> Tukang beo: Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana. Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarita, "Wilujeng enjing, Pa!" Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujeng sonten, Pa!" Mangga saha anu bade ngagaleuh?!
> Nu rek Meuli: Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
> Beo anu it tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok nyarita: Atuh rag-rag uingna, goblog!


> **

>
> ORAY NGAHAKAN LINGGIS
>

> A: "Oray naon anu teu bisaun ngaleor ?"
> B: "Oray paeh."
> A: "Pasti oray paeh mah moal bisaeun ngaleor."
> B: "Ari geus oray naon ?"
> A: "Oray nu tas ngahakan linggis."

> **

>
> GELO
>

> Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh it ETA rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki. "Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
> Lalaki: "Kumaha jalmina?"
> Satpam : "Awakna pendek, begang,beurat nakira-kira 200 kg!"
> Lalaki: "Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
> Satpam "Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna the!"




> **
>
> NGAJAWAB SOAL UJIAN
>

> Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu:

> Pigawe tujuh, Tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae Ku Is kabayan mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make implik-implik kieu: Mangga we pilih tujuh, Tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.

> **
>
> MEULI KORAN
>

> "Cing pangmeulikeun Koran Harian Tarompet ka parapatan!" ceuk Pa duduh ka jongosna. "Tawar wae Ku maneh hargana mah, biasana sarebu perak oge dibikeun ari geus beurang kieu mah. Tapi bisi keukeuh kudu sarebu tujuh ratus mah beuli wae. Tah, ieu duitna dua rebu."
> Teu kungsi Lila jongosna geus norojol, terus masrahkeun Koran ka Pa Duduh. Pokna, "Dipasihkeun ditawis sarebu the, Gan. Anu mawiabdi tiasa meser dua."

> **
>
> MIHAPE KUDA
>

> Kusir: "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
> Budak: "Ah alim, sieun nyongot."
> Kusir: "Moal, DA ieu mah kudana oge bageur."
> Budak: "Sieun nyepak atuh."
> Kusir: "Tara deuih. Kuda bageur."
> Budak: "Moal ah, sieun kabur."
> Kusir: "Ih, Is Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk
> Emang oge, kuda bageur."
> Budak: "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan Ku abdi?"

> **
>
> JURKAM PIDATO
>

> Ngarana oge kampanye, pidato the kudu bari sumanget. Kawas harita wae, waktu Bapa Jurkam keur daria naker pidato bari pepeta.

> "Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil pangwangunan Ku urang geus karasa. Jalan leucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik dug-deg di mamana; kayaning pabrik Mobil, pabrik sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil...
> "Pak, kirang es," ceuk asistenna, ngaharewos. Maksudna, lain tektil tapi tekstil.
> "Oh enya," ceuk Bapa Jurkam, "jeung pabrik es deuih!"

> **
>
> MAYAR HASEUP SATE
>

> Lantaran lapar, bus wae Asep Dodoy asup ka jongko tukang sate. "Pang meuleumkeun sapuluh!" pokna bari gek diuk. Sabot sate di beuleum, haseupna mani meleber, kaambeu seungit. Ngadadak rasa lapar leungit. "Mang moal tulus meuli satena oge, da geuning ku ngambeu seungitna oge geus seubeuh," pok na bari rek ngaleos.>
> "Ih, ke heula. Bayar heula atuh," ceuk tukang sate.
> Asep: "Naha? Pan teu tulus daharna oge!"
> Tukang Sate: "Enya, pan seungitna  geus ka seuseup. Jadi angger we kudu mayar."
> "Heug atuh," omong Asep Dodoy bari ngodok saku. Manehna nyokot duit kencring sababaraha siki, terus diburulukeun kana piring kosong. Atuh puguh wae sorana teh meni gandeng. "Tah, dibayar ku sorana!" ceuk manehna bari ngasupkeun deui duit kana jero sakuna.
Upgrade your email with Emoticons! Click Here!


Stay in the know. Pulse on the new Yahoo.com. Check it out. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke