Tah kusabab kitu, ayeuna mah kari der wani ngagunakeun basa Sunda dimana wae, iraha wae kajaba dina tempat atawa kaayaan anu ngudukeun ngagunakeun basa lian ti basa Sunda. Teu kudu sieun disebut kasar, da ceuk sajarahna oge basa Sunda anu asli mah teu aya kasar vs lemes (sakumaha saur Kang Netta). Teu kudu sieun disebut basa gado-gado da teu aya hiji basa oge anu bener-bener "murni" (sakumaha saur Kang Yugi). Anu nangtukeun garihal henteuna atawa kasar anu teu pantes hnteuna gumantung paniatanana: ditujukeun keur komunikasi atawa lain keur ngawangun komunikasi. Anu kaasup lain ngawangun komunikasi, upamana: ngambek, nyindiran, narajang diri batur ngobrol lain pamadeganana, jrd anu sarupa.
manAR
On 8/26/06, Yugi Budiana Malik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk kuring mah ari ngaranna budaya diantarana basa. Di mana wae teu
aya anu bener-bener murni. Contohna basa Indonesia nu kiwari ku urang
dipake dina pargaulan nagara urang, loba basa jeung kecap nu asal
muasalna tina basa nu lian, boh basa daerah atawa basa deungeun. Sarua
jeung basa Sunda oge, nya kuring teu pati nyaho kana runtuyan basa
Sunda ayeuna, ngan kuring boga pamadegan yeun basa teh di mana-mana
sok kacampuran atawa kapulasan ku basa sabudereunnana.
--- In [email protected], netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Numutkeun Sajarah, Timbulna Basa Lemes atanapi
> Tingkatan Basa dina Basa Sunda teh mulai Abad ka-17.
> Nyaeta Nalika Tatar Pasundan aya Dina Kakawasaan
> Mataram.
>
> Selama kakawasaan Mataram, tiap kali menak-menak
> Pasundan masihan upeti ka Mataram, sok di"karantina"
> heula di Jawa, diajar atanapi diperkenalkeun Basa Jawa
> katut undak-usukna, kasenian JAwa, sareng kabudayaan
> Jawa sanesna.
> Sauihna ti Jawa, Para menak nerapkeun sagala
> pangaweruh ti Jawa di tatar Pasundan, salah sahijina
> UNDAK USUK basa.
>
> Ayeuna2 aya sabagian Budayawan Sunda nu nyebatkeun
> Teu Nananon Urang Sunda teu Ngangge BAsa LEmes da eta
> mah Lain Basa Sunda Asli. JAdi, Umpama na, teu nanaon
> ngangge BAsa Kasar sareng Orang Tua ge, asal Lentongna
> teu Kasar. Bahkan, Undak Usuk Basa teh Saur para
> Budayawan Pro-Basa Sunda Kuno mah merupakan
> Implementasi Feodalisme anu teu sesuai Deui sareng
> Kaayaan Kiwari nu Demokratis.
> Oge Undak USuk Basa teh aya kelemahana nyaeta teu
> aya basa lemes kanggo Kelompok, Misalna "Hayu Urang
> Tuang Atanapi Hayu Urang Neda"?, eta patarosan teh teu
> Tiasa ngangge Undak Usuk, da "Neda" sareng "Tuang" mah
> Kanggo Diri Sendiri sareng Orang lain, bukan untuk
> Kita atau "urang". kitu cenah.
>
> Abdi teu Sapagodos sareng eta pamadegan, soalna
> Ayana Undak USuk Basa dina Basa Sunda Menyebabkan BAsa
> Sunda langkung "Kaya" oge langkung "bermartabat".
> Sabab Semakin Banyak "Grammar" dina Basa suatu etnik
> Nandakeun Kaluhungan Pikir Etnik eta. Tingali wae
> JEpang,Eropa sareng Cina. basana langkung rumit ti
> basa Sunda, teu aneh upami kemajuan negarana oge
> langkung maju ti Urang Sunda.
>
> Nah Kumaha PAmadegan Baraya Sadayana, NAha Undak
> Usuk Basa teh dileungitkun wae, sareng ulah diajarkeun
> ka Barudak da Eta mah Sanes BAsa Sunda asli, Atanapi
> Kumaha?????
>
>
>
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

