|
Sok hayang seuri mun nyidikeun tingkah polah budak
keur umur tilu taunan atawa umur opat taunan kaluhur. Umur sakitu keur
meumeujeuhna tuturut munding, sakur nu katingali atawa nu kadenge ku manehna teu
weleh diturutan. Pek we sidikeun mun kaparengan nyanghareupan kaca, bari
uman imen tur guyat giyet nurutan tingkah polah artis idolana. Mending mun
nu diturutan teh artis pantaran manehna, ieu mah matak nyeuleukeuteuk nu
nyidikeun lantaran bari guyat giyet teh bari ngahaleuang sabangsaning "bang
sms siapa ini bang...bang kata katanya kok sayang sayang " atawa lagu
"my heart" anu dipopulerkeun ku icha jeung irwansyah,oge lagu laguna band ngetop
laina saperti lagu jujurna radja, demi waktuna-ungu, hapus akuna-nidji, jeung
syair syair laguna tina album "samsons" kabeh jadi bahan hahaleuangan
barudak.
Boa ngarti boa henteu anu dihaleuangkeun ku
maranehna, komo syairna loloba urusan cintrong, dina ngartina ge da can
waktuna deuih. Kawas harita, aya saurang budak kaperegok ku indung bapana keur
guyat geyot dihareupeun kaca, nurutan tingkah polah grup band "ratu" bari
sungutna teu eureun hahaleuangan "lelaki buaya darat, bussyeet!" kitu
jeung kitu da nu apal teh meureun ngan ukur palebah syair eta. Eureun eureun
soteh katingalieun yen tingkah polahna keur disidikeun ku indung
bapana, tamba era pok manehna nanya. "Mah mah...pajal atuh buaya mah ayana
dicai, geuning ieu aya buaya dalat sagala?" ngomongna semu cadel. Ngadenge kitu,
gancang emana ngajawab "Leres salain di cai buaya teh aya oge didarat, nya sok
disebat buaya darat, tah bisi hoyong terang, tah nu ngajanteng gigireun mamah
buktina!" ceuk emana bari ngareret ka salakina. Nu direret ngadadak
jebi.
Balik deui ka lalaguan tadi, ceuk babaturan, terus
babaturan teh boga babaturan deui, babaturan deui boga babaturan deui anu
kaparengan babaturana teh boga lanceuk tah lanceukna teh pangamat musik.
Ari pokna teh kieu, hiji ciri, hiji lagu kaasup ngetop salain tipenjualanan
kasetna "meledak" oge barudak leutik bisa ngahalaleuangkeun lagu eta. Tapi duka
kumaha, mun kaparengan nu ngetopna teh lagu sunda, barudak teh jarang pisan
nu narurutan. Kuanaon nya? Ah biasa we ujung ujungna mah nurutan iklan
roko. tanya KEN apa?
sr ( utamakan seuri, sesama tukang seuri dilarang
saling mendahului seuri. Tiiit )
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___ |

