Innalillahi wa inailaihi roji'un.....
mugia almarhum ditampi iman Islamna, dihapunten dosa sareng kalepatanana kalayan dicaangkeun tur dilegakeun di alam kuburna...amin.
(sim abdi oge poe kamari maca wartana dina koran Tribun Jabar jeung ningali dina Bandung TV)

"kkbm'69"
(nu ngiring bela sungkawa)

On 8/28/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

 
pa djoko, prof. dr. sudjoko, dosen kuring di senirupa itb, maot dina yuswa 78 taun. poe minggu kamari kuring milu nganteurkeun ka makam keluarga itb di sarijadi. salian ti urusan senirupa, oge anjeuna teh salah saurang nu milu mikiran bahasa indonesia. sanajan s2na di chicago, s3 di ohio, tapi ari soal bahasa mah, sok ngupayakeun neangan basa daerah pikeun diasupkeun ka basa nasional pikeun ngaganti basa inggris. ceuk urang ffb kamari di makamna, nu sukses teh diantara istilah film laga pikeun ngaganti film action.
 
tragisna, jasadna kareh kanyaohan geus opat poe, ku raina nu nyimpang ka bumina di arcamanik bdg.
 
pa djoko dosen kolot pisan. dewana dewa ceuk babaturan mah. anjeuna ngabujang nepi ka ahir hayatna. lahir jeung maot di bandung, kungsi lila jadi pupuhu forum film bandung. baheula mah kolomnis di tempo oge kompas.
 
wilujeng angkat...pa djoko.

--
geocities.com/mangjamal


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke