Saleheung jalan sunset road. aya namina SIMPANG SIUR deukeut kuta oge (ti 
pom bensin anu tembus ka by pass ngurah rai), lieur oge ningalina
----- Original Message ----- 
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, August 28, 2006 2:25 PM
Subject: [Urang Sunda] Bandung-Bali, 30 Jam (2)


> Tepi ka Palabuhan Ketapang Banyuwangi, jam satengah tujuh. Meuli karcis
> Ferri, mobil langsung unggah kana kapal. Teu kungsi lila kapal jalan,
> ngaleugeuyeung ka Gilimanuk. Dadah .... Jawa, jero hate. Tepi ka
> Gilimanuk. Kaluar tina kapal, geuleuyeung maju .... pas rek kaluar ti
> Palabuhan pulisi rajeg. Mobil distop. Dipariksa. Ningali dina bagasi
> tukang seueur kotak (eusina alat-alat) , pulisi beuki curiga, si Pa
> Timan teu bisa nerangkeun. Kuring kurah-koreh kana tas neangan surat
> jalan, pikasebeleun teh HP disada, aya nu nelepon. Bari nampa telepon,
> kaciri Pa Pulisi keur patugreng-tugreng jeung Pa Timan, karunya Pa
> Timan beungeutna geus pias. Sanggeus HP dijawab, kuring kaluar tina
> mobil, bari ngiwir-ngiwir surat jalan dibikeun ka Pa Pulisi. Pa Pulisi
> maca sakeudeung, geus kitu :"Selamat Datang Di Bali, Pak", cenah, bari
> seuri someah jeung ngamanggakeun mobil jalan deui. Kakara ge maju, aya
> lima meter mah, dipegat deui, tapi ieu mah lain pulisi, tapi Satpol PP,
> mariksa KTP. Kuring ngarahuh .... gara-gara aya Bom Bali, nu datang ti
> Jawa, dipariksa mani taliti .....
>
> Ti Gilimanuk, mobil nyemprung ka Negara, Tabanan tepi weh ka Denpasar
> jam 11 beurang waktu indonesia kulon. Inget ieu teh poe jumaah. Luak
> lieuk sugan aya Masjid, rek Jumaahan. Teu manggihan. Ah keun we keur
> musafir. Neangan hotel, manggih hiji, ari pek teh pinuh. Nelepon kanu
> nitah kuring, dimana lokasi nu rek ditest taneuhna ku kuring teh. Ari
> pek teh di daerah Kuta. Nginep mah di Kuta wae, tong di Denpasar cenah.
> Nya ti Denpasar teh kuring nuju Kuta. Tadina rek neangan heula
> pamondokan, ngan lapar, sabab kuring saparakanca, can dahar deui, ti
> Kudus Jawa Tengah ...
>
> Manggih restoran Padang, dahar didinya. Geus dahar kuring nuju lokasi
> nu rek ditest di Jalan Sunset Road (aneh nya aran jalanna?). Lokasi teh
> rek dijieun Mall, khusus keur Carrefour. Blus asup ka kantor direksi
> kontraktor. Torojog nu manggihan, budak ngora, panonna sipit. "Pa
> Waluya?", cenah
>
> "Iyah",ceuk kuring teh.
>
> "Jam 14, bapak ditunggu untuk presentasi pekerjaan ini, bersama owner",
> cenah teu euleum-euleum. Kuring colohok, hah ... aing teh geus 30 jam
> dina mobil ti Bandung, acan sare sakerejep-kerejep acan, ayeuna titah
> ngomong presentasi dihareupeun urang Carrefour. Tapi rek nolak, teu
> wasa, maklum kuring nu butuh ...hehehehehe ngan rada reuwas, walah
> kuring kudu presentasi ka urang Perancis, pan Carrefour teh hypermarket
> ti Perancis. Rada hemar-hemir oge ...yeuh.
>
> "Ke sayah, rek ka panginepan heula, da can mandi-mandi acan ieu teh",
> cekeng teh.
>
> "Si Sipit" teh unggeuk-unggeukan. Kuring asup deui kana mobil, neangan
> panginepan. Dasar ...milik, manggih deukeut pisan jeung lokasi. Ari
> sugan teh pamondokan alus, tapi pamodokan ala kadarna. Tapi bakating ku
> cape nya kapaksa we didinya. Sapeutingna ngan 50,000 perak sakamar!
>
> Jam 14 kuring nuju kantor tempat presentasi. Kasampak geus ngarariung.
> Tapi saurang oge euweuh bule, lolobana nu sararipit. Nu disebut Urang
> Carrefour teh, geuning urang Indonesia, katurunan, bisaeun basa Sunda,
> aranna George ( ...aran Jawa). Manehna nanya make basa Sunda : "Iraha
> Sumping ti Bandung?". Kuring kaget, geuning tiasa basa Sunda? Jawabna
> teh : "Da abdi tamatan UNPAR ..."
>
> Jero hate, Carrefour ti Perancis, ari nu ngajalankeun di Asia Tenggara
> mah geuning urang dieu oge, ngan ..... nu sararipit ......
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> __________ NOD32 1.1727 (20060826) Information __________
>
> This message was checked by NOD32 antivirus system.
> http://www.eset.com
>
> 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke