Masih inget keneh anu tilu :

-Urang mimitian tina hal anu leutik.
- Urang mimitian tina diri sorangan.
- Urang mimitian ti ayeuna keneh.

aya deui, "Think globaly, act locally".

Masyarakat urang anu kaayaanana batan sakieu teh dilantarankeun ku "teu sadar".

Teu sadar yen maranehna teh keur jadi objek tina hiji skenario gede.

Rumasa teu boga biaya jang ngawangun sakola, rumasa teu boga elmu hukum pikeun nyusun undang-undang.

nya ayeuna mah "mimitian ti diri sorangan".
sadar yen urang teh boga hak nangtukeun sikep.
ulah kumaha ceuk batur.

"WE ARE THE REVOLUTION"
 
Revolusi di masyarakat urang teu kudu ku revolusi fisik. sabab tangtu ngarugikeun.
Revolusi di masyarakat urang, cukup ku revolusi pola pikir jeung sikep hirup.

Teu perlu konsep anu muluk-muluk.
konsepna sederhana.

"Gaya hirup Efisien"

Nyanggakeun ka baraya cara na mah, prak-prakanana nerapkeun "Gaya hirup efisien" teh.


***WE ARE THE REVOLUTION !



On 8/28/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
enya kitu da. nya mangga ari bade ngurus atawa janten pengamat  politik internasional  tinggkat tinggi. bantuan sby jeung kalla.

kuring  mah rek ngurus dulur we, ku nyieun pabukon. da. boro2 mikiran standar ganda, wangunan sd di pilemburan rusak oge teuing kudu kumaha atuh urang mah.


On 8/28/06, irpan rispandi < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
He..he..he.. Mang J, Mang J.

urang teh ulah "ketinggalan  start"  (naon atuh basa sunda nu mernah na nya?)

Maranehna mah sok nerapkeun standar ganda.

Iran teu meunang ngembangkeun nuklir, ari India pamer rudal nuklir diantep.
Korut ngembangkeun rudal pertahanan, dicarekan.

Urang dilarang nyebarkeun kebencian, maranehna propaganda ngeunaan "Carrot and Stick"

*** What a BullShit !
We are not terrorist, they are the real, evil, bloodthirst terorist !



On 8/28/06, mj < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngan peupeujeuh di kusnet mah ulah mamawa kakeuheul ka batur atau "menyebarkan kebencian". ieu milis mawa ngaran sunda. 
 
uing teu satuju mun kusnet dipake pikeun kampanye ngewa ka batur atawa agama batur. jeung dilarang dina aturanana.
 
ngajaga lembur, panceg na galur, akur jeung dulur. mun bisa mah, bawa maju dulur. neangan sumber dana deui pikeun nambahan pabukon di garut atawa lembur sejen atawa nyieun program sejen nu nyata.
 
hayu!
 
 
On 8/28/06, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Wah...sukur di babakan kusnet oge aya ajengan euy.

"Knowledge based society" teh saeutik-saeutik mimiti kaciri wujudna.

aya ajengan, arsitek, aya tukang dagang, aya aparat pamarentah, aya propesor, aya.......loba deui unsur masyrakat sejena.

sok lah, urang pahili-hili kaweruh.
patukeur-tukeur elmu.


Silih asah, ku diskusi, adu pendapat, adu argumen.
nyekel sabuk milang tatu..he..he..he...
Pakalanganana di milis KUSNET.

Ngan moal juara, sabab dina tarung diskusi mah, kabehanana juara.
Kabehanana papada meunang elmu.

Lain untung tah.....

****Knowledge is power !!!





__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke