On 26/08/06, netta fahad <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya, cenah. Harita, para ménak Sunda niron tatabasa Jawa nu dijieun ku Sultan Agung (duka pituin jieunan manéhna, duka sanés, nu écés mah mémang mekar dina jaman kawasana Sultan Agung), pikeun nyiptakeun "kasta" cacah-ménak.
Mun disebutna kitu, jadi rancu, sabab "teu nanaon maké basa sunda kasar" jadi salah. Istilah "kasar" geus euweuh dina kontéks éta mah (heuheuh... kawas hu heueuh...).
Aya benerna ogé, meureun. Ngan nu écés mah undak-usuk téh sok dijadikeun "kambing hitam" héséna diajar basa Sunda.
Ngabeungharan basa Sunda mah satuju, tapi ari lebah dijadikeun patokan martabat, kaluhungan, jeung kamajuan mah ké heula anan... Kudu aya bukti anu émpiris nu nuduhkeun kumaha pancakaki masalah kamajuan hiji bangsa jeung kabeungharan basana. Nu pasti mah, beuki maju bangsana pasti basana jadi beuki beunghar, da kudu nyokot rupa-rupa sesebutan luyu jeung kamajuan budayana.
Masalah undak-usuk basa téh jadi masalah basa Sunda anu paling mindeng dibahas, tapi teu anggeus2. Ceuk sabagian jalma mah matak méakkeun tanaga. Ari ceuk kuring pribadi mah, taya salahna ngajarkeun undak-usuk basa Sunda pikeun nu di lingkunganana biasa maké undak-usuk. Kitu ogé bener pisan nu ngajarkeun basa Sunda nu cenah tulén nu tanpa undak-usuk di wewengkon nu ilaharna kitu.
Lajeng ti éta, nya puguh baé sajarah basa Sunda téh perlu dipikanyaho ku sakabéh bangsa Sunda sarta sakabéh nu diajar/maké basa Sunda, sangkan nyaho "asbabun nuzul"na, sarta sangkan nyaho di mana nya manéhna "perlu" make basa Sunda nu maké undak-usuk, sarta di mana manéhna perlu maké basa Sunda sakumaha tulénna mangsa bihari. Lain nanaon, da kapan peta kitu téh luyu jeung paribasa "pindah cai pindah tampian", ngarah teu dianggap calutak atawa asa aing uyah kidul. Tapi, kétang, mun masing2 geus papada ngarti mah, taya basa kudu paséa alatan béda kabiasaan basa.
Nu rék maké pék, nu moal nya heug baé. Nu penting mah basa Sunda DIPAKÉ...
Kitu sotéh meureun, kétang...
-- Selama kakawasaan Mataram, tiap kali menak-menak
Pasundan masihan upeti ka Mataram, sok di"karantina"
heula di Jawa, diajar atanapi diperkenalkeun Basa Jawakatut undak-usukna, kasenian JAwa, sareng kabudayaanJawa sanesna. Sauihna ti Jawa, Para menak nerapkeun sagala
pangaweruh ti Jawa di tatar Pasundan, salah sahijina
UNDAK USUK basa.
Enya, cenah. Harita, para ménak Sunda niron tatabasa Jawa nu dijieun ku Sultan Agung (duka pituin jieunan manéhna, duka sanés, nu écés mah mémang mekar dina jaman kawasana Sultan Agung), pikeun nyiptakeun "kasta" cacah-ménak.
Ayeuna2 aya sabagian Budayawan Sunda nu nyebatkeun
Teu Nananon Urang Sunda teu Ngangge BAsa LEmes da etamah Lain Basa Sunda Asli. JAdi, Umpama na, teu nanaon
ngangge BAsa Kasar sareng Orang Tua ge, asal Lentongnateu Kasar.
Mun disebutna kitu, jadi rancu, sabab "teu nanaon maké basa sunda kasar" jadi salah. Istilah "kasar" geus euweuh dina kontéks éta mah (heuheuh... kawas hu heueuh...).
Bahkan, Undak Usuk Basa teh Saur para
Budayawan Pro-Basa Sunda Kuno mah merupakan
Implementasi Feodalisme anu teu sesuai Deui sareng
Kaayaan Kiwari nu Demokratis.
Aya benerna ogé, meureun. Ngan nu écés mah undak-usuk téh sok dijadikeun "kambing hitam" héséna diajar basa Sunda.
Abdi teu Sapagodos sareng eta pamadegan, soalna
Ayana Undak USuk Basa dina Basa Sunda Menyebabkan BAsa
Sunda langkung "Kaya" oge langkung "bermartabat".
Sabab Semakin Banyak "Grammar" dina Basa suatu etnik
Nandakeun Kaluhungan Pikir Etnik eta. Tingali wae
JEpang,Eropa sareng Cina. basana langkung rumit ti
basa Sunda, teu aneh upami kemajuan negarana oge
langkung maju ti Urang Sunda.
Ngabeungharan basa Sunda mah satuju, tapi ari lebah dijadikeun patokan martabat, kaluhungan, jeung kamajuan mah ké heula anan... Kudu aya bukti anu émpiris nu nuduhkeun kumaha pancakaki masalah kamajuan hiji bangsa jeung kabeungharan basana. Nu pasti mah, beuki maju bangsana pasti basana jadi beuki beunghar, da kudu nyokot rupa-rupa sesebutan luyu jeung kamajuan budayana.
Nah Kumaha PAmadegan Baraya Sadayana, NAha Undak
Usuk Basa teh dileungitkun wae, sareng ulah diajarkeun
ka Barudak da Eta mah Sanes BAsa Sunda asli, Atanapi
Kumaha?????
Masalah undak-usuk basa téh jadi masalah basa Sunda anu paling mindeng dibahas, tapi teu anggeus2. Ceuk sabagian jalma mah matak méakkeun tanaga. Ari ceuk kuring pribadi mah, taya salahna ngajarkeun undak-usuk basa Sunda pikeun nu di lingkunganana biasa maké undak-usuk. Kitu ogé bener pisan nu ngajarkeun basa Sunda nu cenah tulén nu tanpa undak-usuk di wewengkon nu ilaharna kitu.
Lajeng ti éta, nya puguh baé sajarah basa Sunda téh perlu dipikanyaho ku sakabéh bangsa Sunda sarta sakabéh nu diajar/maké basa Sunda, sangkan nyaho "asbabun nuzul"na, sarta sangkan nyaho di mana nya manéhna "perlu" make basa Sunda nu maké undak-usuk, sarta di mana manéhna perlu maké basa Sunda sakumaha tulénna mangsa bihari. Lain nanaon, da kapan peta kitu téh luyu jeung paribasa "pindah cai pindah tampian", ngarah teu dianggap calutak atawa asa aing uyah kidul. Tapi, kétang, mun masing2 geus papada ngarti mah, taya basa kudu paséa alatan béda kabiasaan basa.
Nu rék maké pék, nu moal nya heug baé. Nu penting mah basa Sunda DIPAKÉ...
Kitu sotéh meureun, kétang...
sikandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

