Ki............
 
Meni kataji ku eta basa teh, meni asa nembe maca serat anu pondok tapi ngeusi.
salajengna ku sim kuring bade di save ahhh, kanggo pi eunteungeun upami ngadamel serat ka saluhureun.
Hatur nuhun ki.
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
From: Ki Adi
Sent: Tuesday, August 29, 2006 1:25 AM
Subject: [Urang Sunda] Surélék keur Mang Hardja!

**************************************************************************
Kalayan nyebat asmana alloh ........
-----------------------------------------------------

Haturan Emang ......
Meni lawas nya kuring téh tara ngobrol deui jeung Emang, boh di YM, boh di babakan, komo di warung mah ......... nya meureun téh teuing mun Emang keurna sibuk jeung parabot komputer dikamar Emang téa! :P

'Mang Ha  ........
....... sanajan ngan ukur dina jagat maya, sanajan jauh paanggang nya amprok ogé iraha téh teuing ....... geuning nyatana mah teu bisa diapi-lainkeun manah mah, ....... jén sanajan kuring bodo, nya Emang pinuh ku pangaweruh ..... geuning teu nyana, pamisah téh ngan ukur kari.

'Mang Ha .....
.......... kuring mah teu ngarti sa surti-surtina ogé, ..... na kunaon kuring asa mobok manggih gorowong ..... asa aya jalan nya meuntas ..... asa dikariakeun, sapatemonna kuring jeung Emang téh.

Kuring mah teu béak pipikiran, na aya kuméla-méla teuing ka paménta ti Emang téh ..... na kuhayang-hayang teuing meunang gawéan deui ti Emang téh ..... kuring mah teu béak pikir!!!

'Mang!!!, naha enya kitu Siliwangi téh aya???
'Mang!!!, naha enya kitu Sri Baduga téh sok ngalanglang Ki Sunda???

'Mun kitu mah enya téh teuing, matak kuring sapamikiran jeung Emang.
'Mun kitu mah enya téh teuing, mun kuring jadi boga kahayang méla dulur sa-Sunda.

.... meureun...., nya 'Mang, nya!!
nu dimaksud dina Uga téh, boa teuing urang téh keur ngarandapanana?
... meureun...., nya 'Mang, nya!!
nu dimaksud pajajaran kiwari téh sigana urang téh kudu papada sajajar, papada dialajar, papada ngajajar pikeun karaharjaan satungkebing langit satangkarak jagat !!

'Mang Ha ..... saacanna kuring mungkas ieu surat tawis paturay keur Emang, kuring nék wakca baé ...... kuring nék balaka baé, dari pada 'ké jaga kuring disebut jelema nu meureupan ti tukangeun atawa disebut dulur nu ngérakeun  jeung nutup jalan keur Ki Sunda .........

Kuring mah sok mikir,'Mang!!  ..... naha nya,
....... geuning teu gampil ngahijikeun baraya sa-Sunda téh, nya?
....... geuning meni rumpil, nék nété ka gunung Siliwangi téh!

Naha kitu, pédah urang téh boga élmu nyumput dinu caang???
Naha kitu, pédah urang mah boga jampé handap asor téa?
Naha kitu, pédah urang, boga pélét haneut-haneut tai kotok?

Ah!!... kateuing!!! 'can kapikiran ku kuring mah kunaon-kunaonna?
Keun wé, sina dipaluruh ku nu keur dibéré waktu jeung amanah?
Keun wé, disina nu alanyar jeung nu ngarora nu nyaliksikan!

.... sawatara mah, kuring mah nék mopo heula .
.... sawatara mah, kuring mah nék di kaanggangan baé.
.... sawatara mah, kuring mah nék taki-taki deui keur bukti jaga.

'Mang Ha .....
Hampura, nya raga, nya sukma .........
.... geuning piidin téh, nepi kadieu?
.... geuning kabisa téh, ngagantung-hanca?

, sugan atuh, 'Mang! ...
.... jaga mah teuing, urang téh bisa ngaludang deui babarengan,
, sugan atuh, 'Mang! ...
.... jaga téh teuing, urang bisa babarengan mulasarakeun téa.
Moga baé, nya Mang???

'Mang Ha .....
Sigana mah, sakitu ti kuring mah ....... moga baé gantung-gawéan urang téa bisa diteruskeun, nya puguh pisan lamun aya nu nuturkeun mah!!!

...............................
... unjuk sumangga, Nunnnn...!!
masrahkeun sadaya-daya ......., nyanggakeun
nya ieu beuheung teukteukeun,
suku gantung nya belokkeun.

Malati lingsir ku wanci nya campaka ligar ku mangsa,
pileuleuyan, pileuleuyan .... 'Mang!
paturay ..... nya patepang deui.
nya nineung urang na ati!

sun rawayan raksaning gusti...............

tabé pun,

-Ki Adi-
--------------------------------------------------------------------
..... samudaya pupujian saéstona pikeun Alloh!
**************************************************************************
--
*******************************************
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena kretarasa..."
-----------------------------------------------------
http://www.urang-sunda.or.id/
http://pituin.multiply.com/
*******************************************
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke