Tah geuning Kang Durahman norojol euy. Ditungguan ti minggu kamari, karek mucunghul ayeuna. Kamana wae Kang Dur? Jigana kapegat kariaan Agustusan nya. Hehehe.
Nuhun Kang Dur, ke urang teruskeun kana artikel sejenna nya. Keur naon perluna bahasan "Basa Sunda '3-in-1'" teh. Singketna mah kieu, keur silih pikawanoh basa tiap wewengkon, ngarah bisa ngeuyeuban pangawaeruh kosa kecap basa Sunda. Kujalan kitu, upama urang geus biasa maca, ngadenge, atawa ngomong migunakeun basa wewengkon sejen, jigana rarasaan yen aya jarak budaya anatara tiap wewengkon di Tatar Sunda teh, saeutik-saeutik baris ngurangan. Urang Cirebon atawa Banten moal ngarasa kagok upama nyarita make basa indungna nalika nyarita jeung urang Priangan. Kitu deui sabalikna, urang Priangan moal ngarasa nyentug jajantungna upama ngadenge urang Cirebon atawa Banten nyarita make basa wewengkonna. Salian ti eta, deuih jigana bisa dijadikeun sarana pikeun ngeuyeuban kosa kecap basa Sunda hususna, umumna mah oge pikeun basa Indonesia. salam, mh --- maman durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > urang cobaan, nya. Nyieun sumpah pemuda make basa > indung kuring; > > <? MODE BASA CIREBON=ON ?> > > he..he..bungah ning ati, kieh. Sampe diundang kaya > menkenen kongkon > nerjemah ena sumpah pemuda nganggo basa crebon. Sok > lah. Tak jajal. > Tapi kula sih nganggo basa crebon biasa bae (basa > crebon ana loro; > siji basa umum, loro basa babasan (basa lemes jareh > wong sunda, sih); ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

