Wilujeng sonten deui neng Kiwil...eh Neng Dewi.. aya deui nu isin ? naha nya pendak jeung kang ndoell wae teh meni ararisin..
Sok enggalan..saha deui nu isin ngacung, ke dikumpulkeun. pami aya 6 kenging hadiah gelas.. heu..heu.. tenang we, pokona diantos kasumpinganana, tong salempang, tong isin..moal disasaha, paling ge dipiwarang tuang... saurna Teh Imas nyayogikeun goreng gurameh... -dul- --- In [email protected], silvi dewi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng sonten Kang Ndul, > > Abi oge hoyong ngiringan mah, tapi na isin.... > > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > haaa ? asin ? > heu..heu.. > > Tong isin-isin atuh neng, da moal disasaha ieuh... > Pami ti Blok M naek kopaja nomer 74 / 72 atanapi 69 > pokona mobil nu ngalangkung ka Mayestik. > Lungsur di Parama Building atanapi Restoran sunda Lembur Kuring. > Taaaaaah...antara Parama Bldg sareng Restoran teh aya jalan > Langsat. lebet we, teu tebih tidinya.. > taroskeun we Kang Ndoell...pasti moal aya nu apaleun.. > heu..heu.. > > -dul- > > --- In [email protected], "sakura_female2003" > <sakura_female2003@> wrote: > > > > Abi ngiringan tapi abi isin...sareng abi teu terang ka kebayoran > teh > > naek naon?????pLUss sareng saha??? > > > > > > > > > > > > > > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > > > > > baraya Kusnet di mana waé ayana. > > > Dibéwarakeun, yén Kusnet Jakarta bade ngayakeun kopdar > > > rutin anu Insya Allah badé diayakeun dina : > > > > > > Dinten Minggu, ping 3 September 2006 > > > Tabuh 10 enjing nepi ka leuleus > > > Tempatna di : > > > bumina Teh Imas > > > Jl. Langsat No.10 - Mayestik > > > Kebayoran Baru > > > Telp. 739-3652 > > > > > > Agénda acara : > > > - Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian... > > > - Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng > > > Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2006 > > > > > > Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang, > > > sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos > > > pisan kasumpinganana... > > > > > > Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, Anu bade ngiringan, > > > mangga ngacung atanapi konfirmasi ka Teh Imas : 0813 11396953 > > > > > > Ka baraya anu kapeto janten panitia HBH, diantawisna : > > > Kang Ikmal, Kang Akos, Kang Tirta, Kang Irpan, Kang Bowie, > > > Kang Rachmat, Kang Kumi, Teh Tia, Teh Mia, Kang Runa, Kang > > > Dudi, Kang Dadang, Kang Rezza, Teh Indri, Kang Dani Waluya, > > > Kang Kamal, ogé nu sanésna wajib hadir, wayahna kedah > > > ngusahakeun tiasa sumping. > > > > > > > > > Hatur nuhun, > > > Wassalamu'alaikum Wr. Wb. > > > > > > > > > -Ndoell- > > > Tukang wawar > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

