Sampurasun...!
Baraya,
Mindeng aya anu nanyakeun sarupa kieu:"Lamun 'sampurasun' (jeung "rampes" jawabna) ngarupakeun kecap bubuka atawa uluk salam mimiti nyarita sacara budaya (Sunda), kecap atawa kalimah naon dina budaya anu sarua, pikeun kecap panutupna jeung naon pangawabna?". Upama nuturkeun agama, Islam khususna, biantara atawa uluk salam teh dimimitian ku kalimah "assalamu'alaikum wr wb" tur ditutup ku kecap "wassalam" atawa anu sabanding, tah dina budaya, papasangan kecap bubuka "sampurasun" naon (anu dipake panutup biantara)?
Salah saurang budayawan Sunda akhir-akhir ieu ngusulkeun kalimah pikeun papasangan kecap bubuka "sampurasun", nyaeta kalimah "Hurip Sunda!". Saterusna, upama "sampurasun" dijawa ku "rampes", mangka, inyana, budayawan Sunda tea, ngusulkeun pangjawab keur kecap "Hurip Sunda" nyaeta "hurip!". Jadi, "Sampurasun..!" jawabna: "Rampes!", sedengkeun "Hurip Sunda!" jawabna:"Hurip!".
Mungkin aya anu tatanya atawa leuwih tegesna "protes", yen kalimah "Hurip Sunda" kareungeuna "primordial" atawa heureut teuing (kulantaran nonjolkeun ngaran seler atawa budaya seler tinangtu). Mangga eta mah hak sewang-sewangan pikeun panuju atawa teu panuju. Ngan, upama kecap "Sunda" dicokot hartina anu sejen (lain ukur ngaran seler atawa budaya seler), asana henteu kudu dianggap "primordial".
Apan aya 25 harti kecap Sunda, sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati" (dina buku ieu aya pedaran ngeunaan "Tri Tangtu di Bumi anu lumayan rada teleb). Dina 25 harti eta henteu disebutkeun hiji oge harti anu nyoko kana ngaran seler atawa budaya seler. Ieu makna kecap "Sunda" anu 25 dicandak tina rupa-rupa bahasa (Sansekerta, Jawa, Sunda, Kawi). Tina anu 25, upamana, "Sunda" hartina: moncorong/cahaya (mulya), bersih, kasaimbangan, sampurna, cai (subur makmur), gunung (kukuh pamadegan dina ngahontal maksud hirup), jst. Jadi, "Hurip Sunda!" enas-enasna mah ngandung maksud do'a ka anu dituju ku eta kalimah jeung lingkungan saudeureun urang sangkan hirup aya kamulyaan, suci, saimbang, sampurna, subur makmur, kukuh pamadegan dina ngahontal tujuan hirup, jst.
Balik deui kana jejer ieu posting, ayeuna-ayeuna ieu dina pagempungan-pagempungan di Tatar Sunda, khususna di Bandung geus ilahar, upama anu biantara bubuka ngucapkeun "Sampurasun", para hadirin saur manuk ngawalon "Rampes!" jeung nalika inyana nutup biantara ku kalimah "Hurip Sunda!", anu haladir reang ngajawab ku kecap "Hurip!". Keur hiji hal anu kaasup kreativitas budaya, asana "Hurip Sunda!" - "Hurip!" sah-sah wae salaku papasangan "Sampurasun" - "Rampes!" anu hal ieu oge, baheulana, teh ngarupakeun kreativitas budaya luluhur urang sadaya.
Cag.
baktosna,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

