Kang Yugi, Kang Budi, Teh Ana sareng Kang Malik...
(ni diborong atuh ngaran teh....)

Kopdar teh numutkeun beja nu kurang bisa dipercaya,
nyaeta singkatan tina Kopi Darat. Nurutan istilah
nu dipake kunu sok ngebrik, nu hartina panggih didarat.

Tapi ari Kopdar nu dimaksud ku uing mah nyaeta Panggih
di alam nyata. Apan salila ieu, urang 'berkomunikasi' teh
ngaliwatan alam maya atawa alam goib. jadi urang teh
kaasup mahluk goib oge. Meh teu disaruakeun jeung bangsa
jurig, atuh hadena mah urang ngayakeun kopdar.
Tah, ari maksudna mah, nya teu aya sanes meh pada-pada wanoh we.
Manjangkeun waos..eh silaturahmi. loba pisan mangpaat jeung
bipaatna tina Kopdar mah. Mun dipedar mah matak ngayayay, ngambai,
tuluy ngelai..

nu matak, mangga geura ngariring kopdar.
tong salempang, pasti dipasihan tuang. Gratis..
da abdi mah bageur..
heu..heu..

-dul-
tukang kompor




--- In [email protected], "Yugi Budiana Malik" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> He he he .. ulah bendu atuh Kang Ndoell !
> Biasa da ari istri mah dinten pere teh sok aya tugas tambihan,
> duka naon eta teh ... ??? :D
> 
> Kang Ndoell, ari KOPDAR teh naon hartos sareng maksadna ?
> Ieu rerencangan abdi naroskeun, ari ceuk abdi teh Kopdar teh "Kop
> Dahar. Wah, acara sebeuh eta mah mereun?"
> 
> 
> --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote:
> >
> > Euh...
> > meni teu ngarti pisan atuh atasan teh nya ?
> > minggu-minggu teh kalah ka miwarang damel.
> > heu..heu..
> > 
> > Nya sawaos eh sawios atuh Neng, da soal padamelan mah 
> > pan kedah diutamikeun. Sugan pareng atuh, ke di Kopdar
> > nu kapayunna tiasa pendak.
> > 
> > Keun lah, hususon pendak sareng abdi mah ke urang 
> > sejakeun nya ? iraha ? dimana ? 
> > (ngaharewos bari luak-lieuk)
> > 
> > 
> > -dul-
> > 
> > 
> > --- In [email protected], "sakura_female2003" 
> > <sakura_female2003@> wrote:
> > >
> > > Kang NdoeL......,sareng baraya Kusnet Nu bade KOPDAR minggon 
> > > ayeuna,...aduh punten pisan...,abi teu tiasa dongkap...abi 
> > dipiwarang 
> > > lebet Ku atasan..Hiks...Hiks...Hiks...padahal abi Hoyong pisan 
> > pendak 
> > > sareng baraya (komo Kang NDoeL...,Yu')...hehehehehehe Punten 
> > > ah....Salam we...
> > >
> >
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke