edun pisan euy.....asa di sidoarjo tea yeuh
enya didieu teh seueur pisan berbagai macam-macam jsb na
by
----- Original Message -----
From: kisman -
Sent: Wednesday, August 30, 2006 10:31 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Manawi Aya Nu Uninga Ngeunaan Cai Taneuh

Walaikum salaam
Kang, Ota abdi tiasa ngaraoskeun perkawis naon nunuju dipayunan ku kang Ota, kumargi cai teh peryogi pisan kanggo urang.
Mung sakedik hanjakal, kang Ota maparin data sumur borna kirang, diantawisna nyaeta ngeunaan tempatna (linggih teh daerah mana?), bor teh nganggo selubung (casing) teu?
Upami bor mung lebetna saukur 15 m, rupinamah eta teh teu acan dugi ka lapisan aquifer tea, da geuning saurna taneuhna masih mangrupa leutak. pami lapisan aquiver sadayana mangrupakeun keusik (pasir) tempatna cai taneuh tea.
Pami kedalaman 0 - 15 m mah masih disebatkeun (air permukaan) sanes cai taneuh asli, kumargi kitu caina masih keneh bau leutak.
Upami kang Ota bade nambihan lebetna eta sumur bor, cobian pipah teh kedah diseri.
0 - 24 m casing (paralon 3 atanapi 4 inci) paralon ieu teu kenging dibolongan kumargi kanggo nutup/nahan cai leutak teulebet kasedot pompa.
24 - 30 m nganggo pipah 1 1/2 - 2 inci, ditingal naha lapisan ieu tos pasir wungkul atanapi sanes, pami leres tos dugi ka lapisan aquifer nembe di pasang saringan kujalan ngabolongan pipah nu 2 inci tea nganggo ragaji beusi, nudibolonganna antawis 50-100 cm tihandap, sareng tong hilap tungtung pipah paling handap kedah nganggo dop (tutup) supados keusik teu kasedot pompa.
Rupina sakitu heula
 
Baktos
Kisman
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke