From: irpan rispandi [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, August 29, 2006 3:21 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] patah hati
Lamun hiji lalaki resep ka awewe, tapi si awewe teh geus aya nu boga, manehna boga tilu pilihan : 1. Narima kanyataan, terus neangan awewe sejen. (Wise Man) ===> Sami 2. Semboyan "Kutunggu Jandamu". (lalaki sabar atawa lalaki belegug) ===> Belegug, siga nu teu aya deui lalaki, barinage boa teuing saur urang sae, can puguh saur Allah* 3. Make cara primitif, lalakina diajak gelut hiji lawan hiji. Gelut nepi ka salah sahijina eleh atawa paeh. (Cowok berhati Singa he..he..he..) ===> Kampungan binti norak*heheh. On 8/29/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] > wrote: Hihihi ..... Teh Roro rada "nyeuneu". Tapi leres pisan eta teh Teh, teu kedah di sshompet-daunkeun. Da lalaki ge sarua, nu cunihin mah aya nu sok ngarebut pamajikan batur. Komo lalaki mah kadang-kadang teu cukup ku hiji, pamajikan opat ....ih masih keneh we sok nganjang ka kompleks .... Artis cenah Teh Roro, sok pinter nyandiwara. Emut kapungkur dina TVRI aya kulawarga Marlia Hadi? Eta sinentron dipuji kulantaran kaasup tontonan hade. Pangpangna Bu Marlia Hadi. Tapi di "dunya" sabenerna, Bu Marlia Hadi, teu saideal dina kahirupan sinetron. Marlia Hadi maot ngagantung maneh, cenah kalibet hutang, gara-gara arisan berantai. Jadi teu aneh lamun aya artist, dina kahirupan benerna, teu saideal sangkaan urang. Artis sabenerna dipoles ku para akhli media, nepi ka mangarauhan pikiran para panontonna. Neng Sitti nu urang Malaysia dijieun icon jadi "istri geulis, lucu, sora hade, solehah jrrrd", nu teu mungkin ngalakukeun hal-hal nu diluar norma. Ceuk cenah, ngahargaan artis, cekap ku ningali aktingna, ngareungeu sorana. Keun we soal pribadina mah da eta mah "dunya lain" deui. Baktos, WALUYA ===> Haturan Bah Willy*tuda keuheul Bah, meuni raos nyarios teh, abong biwir teu diwengku, letah teu tulangan, panangan teu diborgol*heheh*ni kanyenyerian kieu atuh?! Punten Cep Irpan, Ceuceu mah mun ngambek teh sok pabeulit jeueng heureuy! Marlia Hardi? Ibuna Didu (dina skenario)*kantenan emut atuh Bah, etateh tongtonan paporit waktos abdi alit keneh pisan. Da jaman kapungkurmah mung hiji setasion tipi nyaeta TVRI, pami teu lepatmah namina Sandiwara Keluarga. Muhun, abdi ge teu nyangki anjeuna siga jalmi sabar & tawekal dina aktingnamah*.pekteh ngagantung maneh*Artis jugaaa Manusiaaa* Ningali raramean nikahna Siti Nurhaliza ni aheng boh dina koran & boh dina tipi, gegeden Malaya ge diarulem kayaning Wa Mahatir & Mang Deputy PM *euleuh*seep 28M*ck*ck*ck*disagedengeun eta aya nu ceurik ngabangingik kanyenyerian*euh, deudeuh teuing... Sing sabar sing tawekal sing kenging deui nu enggal heheh* ro2 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

