O kitu kang Ndoel...pami teu ngiringan kopdar atuh jurig
panginten...hehehe
Euleuh kumaha atuh abdi mah alim disebat jurig...tapi simkuring dinten
minggu teh bade ka bandung heula yeuh...meni hanjakal tadina mah hoyong
pendak sareng baraya sadayana...

Taufiq



-----Original Message-----
From: ndoell [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Wednesday, August 30, 2006 10:26 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Bewara : [EMAIL PROTECTED] ==> Ngetes
Wungkul

Kang Yugi, Kang Budi, Teh Ana sareng Kang Malik...
(ni diborong atuh ngaran teh....)

Kopdar teh numutkeun beja nu kurang bisa dipercaya,
nyaeta singkatan tina Kopi Darat. Nurutan istilah
nu dipake kunu sok ngebrik, nu hartina panggih didarat.

Tapi ari Kopdar nu dimaksud ku uing mah nyaeta Panggih
di alam nyata. Apan salila ieu, urang 'berkomunikasi' teh
ngaliwatan alam maya atawa alam goib. jadi urang teh
kaasup mahluk goib oge. Meh teu disaruakeun jeung bangsa
jurig, atuh hadena mah urang ngayakeun kopdar.
Tah, ari maksudna mah, nya teu aya sanes meh pada-pada wanoh we.
Manjangkeun waos..eh silaturahmi. loba pisan mangpaat jeung
bipaatna tina Kopdar mah. Mun dipedar mah matak ngayayay, ngambai,
tuluy ngelai..

nu matak, mangga geura ngariring kopdar.
tong salempang, pasti dipasihan tuang. Gratis..
da abdi mah bageur..
heu..heu..

-dul-
tukang kompor




---------dikadek ku K#8---------




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke