Mang J
Hatur nuhun Mang tos pangnyatetkeun.
Ku abdi buku Kang Miki dianggap novel sejarah, hahaha...
Eusina seueur bodor oge keur urang jaman ayeuna mah.
Utamina persepsi karuhun US kana benda hasil modernitas.
Abdi mah ningalina nu ringan-ringan wae, beurat upami ngabahas urusan teori mah.
Eta mah urusan para dewa jeung dosen.
Jalaran abdi mah penikmat novel jeung carita.
 
Baktos,
ika

kamalinaan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kang Miki ayeuna sore ka jkt. mulang ka jepang dinten
sabtu. tadi jam 9an aya acr diskusi di IAIN sunan
gunungdjati bdg. tadi peuting di Lemlit/lembaga
penelitian Unpad, jl. cisangkuy sebrang gd.sate,
diulem kang Dede Mariana.

di lemlit unpad, nu hadir aya teh Ika Mardiah, urang
kusnet oge. seuseurna mah dosen unpad ti sababaraha
jurusan, kalebet jurusan jatinangor. nu senior teh,
kelas dewa, prof. Yudistira Garna, di
antropologi-urang ciamis! haha.

kang miki ngarasa reueus bukuna, nu diangkat tina
desertasina seueur nu ngapresiasi. malah kang Dede
Mariana mah ngaborong dua puluhan buku, dibagikeun ka
hadirin nu sumping. tawis apresiasi oge memang da
bukuna kacida pentingna pikeun sing saha bae nu hayang
apal baheulana sajarah basa sunda tug nepi ka dicitak
dina buku.

taun 2001-2002, masih aya kang Obay Sobarli di KUsnet,
ayeuna tos pangsiun. anjeuna rajin ngumpulkeun sagala
tulisan/artikel soal sunda. diantarana harita kang
Obay kungsi posting soal sajarah basa Sunda nu cenah
numutkeun Mikihiro Moriyama, bisa disebut kapanggihna
teh ku walanda. lain kapanggih dina harti leungit,
tapi diparake ku US di gunung. jadi istilahna oge
harita mah basa gunung, atawa basa jawa gunung. da
awalna ku bule londo, dianggap masih keneh basa jawa
ngan beda dialek.

nepi ka kitu tah sajarah basa sunda baheula. matak
pantes mun kolot ayeuna loba nu militan soal basa
sunda, sabab sajarahna peurih. basa sunda ngan ukur
dipake ku urang gunung.

harita bule kolonial teh kabagi tilu. jadi teu kabeh
penjajah. aya nu penjajah, pamarentah kolonial, aya nu
muka kebon teh, kina, jsb, bari maluruh kaayaan budaya
wewengkon urang. nu ieu sabab cicing terus2an di tatar
sunda oge indonesia umumna, boga anak pamajikan oge
nyai, boga perasaan atawa sikep nu beda jeung pihak
birokrat kolonial nu ngan ukur salila ditugaskeun ku
den haag. sagedengen kitu, aya oge kyai atawa pastur
nu misionaris/zending tea. tilu eta beda sikep cenah.

nu aheng, di awal2 buku kaca 40an kitu, aya carita yen
KF Holle, asana juragan kebon teh, ngalarang
misionaris buka praktek di priangan. sabab cenah bisi
bentrok jeung muslim fanatik. KF Holle teh baladna
Moesa, bisa jadi Moesa nu menta ka KF Holle kitu. mun
dibandingkeun urang wetan, sanajan walina nepi ka 8 di
jabar ngan hiji kitu oge urang cirebon, tapi dina soal
agama mah, lain deui caritana.

loba pulunganeunana buku Semangat Baru teh. sanajan
cenah rada beurat ka kolonial, rada wajar, sabab
bahan2na ti leiden. sanajan kuring manggih oge sikep
Miki nu netral atawa malah ngabela urang sunda harita.

siga sarjana londo harita neangan sastra dina basa
sunda. euweuh cenah. sabab teu aya tulisan atawa buku.
padahal aya, seni pantun, sastra nu dilagukeun, teu
ditulis. harita nganggap-make standar eropa-bahasa
kudu boga satrana nu ditulis.

prof. Yudistira mairan-salaku antropolog, enya us
baheula teu boga buku/tulisan. tapi sagala dina sirah.
us harita jadi boga memori nu kuat jeung gede dina
sirah sabab teu aya media pikeun nundana siga buku.

nya meureun teu beda jeung baraya nu teu ningali,
pangreungeuna-ceulina- jadi leuwih seukeut. us harita
teu boga buku/tulisan, pikiran jadi seukeut. baheula
mah cenah soal pancakaki teh ditalar, kaasup carita
tutur oge.

kapanggihna basa sunda di gunung ku walanda teh,
sigana indit ti teori bangsa: yen unggal bangsa aya
ciri2 mandirina nu asana mah 7. siga basa. londo
harita lieur meureun, aya bangsa atawa etnik sunda,
tapi basana mana? da bupati atawa menak nu di kota
nyarita basa jawa. nya aprak2an, nepi ka gunung.
panggih jeung urangsunda dinya nu nyarita basa sunda.
kapanggih tah basa sunda teh. ngalengkepan ciri
bangsa/etnik sunda.

miki satuju yen kondisi kitu tibalik jeung eropa.
swiss salaku nagara, teu boga bahasa swiss, tapi
jerman atawa perancis. oge belgia mun teu belanda nya
jerman. oge austria nu basa jerman.

acara memehna mah di sabuga, di toko buku baca2. asana
di acara nu ieu aya patarosan soal kabijakan politik
budaya harita. pamarentah kolonial walanda. naha hurup
latin? nya sabab maranehna make hurup eta. kuring
mungkas acara ku ngawadul yen make aksara latin eta
diteruskuen ku pamarentah RI. sangkan ku make aksara
latin eta, kamajuan baris teres kahontal. teorina.
hehe. thailand, india, cina korea, jepang, marake
aksara maranehna, tapi gening leuwih maju tibatan
urang. jaba aksara latin mah moal matak asup sorga,
tapi hurup arab. sareuri nu hadir teh.

buku Semangat Baru, kolonialisasi dan kesastraan sunda
abad 19, tos diterbitkeun oge dina basa Inggris ku
NUS, national university of singapore-kenging bantuan
dana ti univ. nanzan nagoya tempat miki ngajar basa
indonesia. ngan ukur 500 jilid cenah. naha teu ku
urang nya? atawa pemda? sabab urang mah lain bangsa
intelek nu ngahargaan hasil panalungtikan batur
ngeunaan sajarah urang.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Get your email and more, right on the new Yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke