|
Baraya sadayana, asa seueur keneh bae anu lepat
ngalarapkeun antawis eu sareng e (siga dina kecap memberi/Indones)
Ari "hitam" (basa Indonesia) teh basa Sunda-na
HIDEUNG.
Berakal, sudah mengerti (untuk anak-anak), atau
tahu akan tempat sendiri (untuk binatang peliharaan) dina basa Sunda mah cukup
ku kecap HIDENG (maca e na seperti dina kecap memberi/Indonesia)
Jadi lamun nyieun kalimat "manuk teh mani
hideng kitu nya" bakal beda hartina jeung
kalimat "manuk teh mani hideung kitu
nya"
Aya conto lain deui
Leubeut hartina loba buahna (dina tangkal
bubuahan)
Lebet hartina asup.
Jadi kecap beuleuceut, beureuteuk......duka teuing
tah naon hartina, ari kecap belecet, beretek mah lumpat, ngan enya dina
ejaan basa Sunda kiwari teu dibedakeun cara nulisna antara e (sapertina dina
kecap pelor, becek, bade) jeung e (saperti dina kecap bedil,pelem, jeprut), bisa
bae nulis belecet (dibaca e na saperti dina kecap pelor atawa becek) tapi lamun
dibaca kitu naon hartina atuh.
MSasmita
Posted by: "Sirit Uncuing" [EMAIL PROTECTED]Wed Aug 30, 2006 3:18 am (PST)Resep euy heureuy jeung Amang J mah sanajan di bakus
oge..hi hi hi euweuh nu nyarekan... (euleuh aya nu ngadeulekan geuning, kabur ah) beuleuceuuuuuuuuuut (ka warung wae kitu...!!! moal ah teu boga duitna oge, beak pake meuli buku bieu duh, bebeja ka jikan mah 50 rebueun ah tambah ongkos kirim 20 rebu...heu euh ah hi hi hi) beureuteuk deui rek balik ah... Os Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___ |
- [Urang Sunda] Re: barade buku keom sakedap/ antara E... MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Re: barade buku keom sakedap/... Dudi Herlianto
- RE : Re: [Urang Sunda] Re: antara EU jeung ... jang umar ti cijulang

