Butut
Tukang rongsokan ceuceuleuweungan ngurilingan lembur.
"Panci butuuuuuut.....katel butuuuuuut....sapatu butuuut....parabola butuuuuut....kulkas butuuuuuut...
sagala nu butut butut tiasa dirironkeun sareng bawang beureum, mangga ibu ibu, eteh eteh,mangga ulah isin isin!"
 
Keur kitu aya nu ngelol tina jandela bari nyeuleuweung.
"Mang antosan sakedap abdi gaduh nu butut!"
"Oh mangga, gaduh radio butut kitu?"
"Sanes mang...ieu abdi gaduh salaki butut, kinten kintena sabaraha kiloeun upami dikana bawangkeun?"
 
Tukang jeruk Soleh
Beus jurusan jakarta - garut keur nyemprung dijalan tol cipularang, teuing timana jebulna dijero beus teh ujug ujug wang weng wong we ku tukang jeruk nawarkeun daganganana.
"Baraya wilujeng tepang sareng abdi asev gumasev si tukang jeruk soleh tea, kusabab abdi mah jalma soleh  bade balaka we yen jeruk ieu teh haseum, haseum kacida, ngahaja ngical kanggo nu nuju nyiram, sok dimirahkeun, sapuluh rebu 20 siki!"
 
Para panumpang beus angger jarongjon teu kapangaruhan ku nu nawarkeun jeruk, nu nundutan beuki anteb nundutana, anu keur ngorong beuki jero ngorongna, sumawona nu keur silih korobet beuki nyaliara ngorobetna.
"Nyi....sok ka nyai mah sapuluh rebu 30 siki, tah bilih kirang tambihna lima!" ceuk tukang jeruk satengah ngaharewos nawarkeun ka hiji wanoja anu herang mencrang. Nu ditawaran ngan ukur godeg.
"Ih si nyai mah sok pura pura kitu, abdi ge apal atuh nyi, nyai teh nuju nyiram nya, jadi mun nuang jeruk ieu pas pisan, hawatos geura bilih jaga tuang putra janten ngelay, sok geura meungpeung dimirahkeun, tah atuh ka nyai mah ditambihan deui janten sakarung sapuluh rebu etang etang mahugi!" tukang jeruk nawarkeun bebeakan. Na ari gantawang teh si herang mencrang kalahka nyarekan.
"Tong gagabah ari ngomong teh...abdi mah parawan keneh, cik atuh kudu bisa ngabedakeun, mana parawan, mana nu geus aya jerukan, naha biwir abdi geus lecir kitu make nyangka geus nyiram sagala?"
 
Dikitukeun tukang jeruk sasadu bari gura giru ngaleos. Abong nu jualan asongan, najan tas dicarekan laklak dasar,teu euih euih jeung teu kapok kapok, terus ngadeukeutan anu keur nundutan.
"Jerukna Pa, sok dimirahkeun, nyeepkeun, sakarung sapuluh rebu!" bari noel taktak nu nundutan. Atuh puguh we nu nundutan asa kagebah,bari ngorejat pok manehna nanya.
"Amis, haseum?" 
"Haseum!" tembal tukang jeruk
"Bener haseum?"
"Muhun haseum, haseum kacida!"
"Mun kitu mah ku kuring diborong jeung karung karungna!"
 
Ningali kitu, batur sabangkuna langsung nanya semu nu heran.
"Pa, geuning jeruk haseum dipeseran, nuju gaduh nu nyiram?"
"Tong salah jang, jualan dina beus mah nawarkeunana sok dibaralik. Contona tahu tiis dibejakeun panas, jeruk haseum sok dibejakeun amis, jadi mun ieu jeruk dibejakeun haseum padahal mah....... Geura wang cobaan hiji!" bari belewek ngahuapkeun jeruk anu geus meunang mesek.
"Kumaha rasana,Pa...Kareueut?" nu nanya siga nu geus teu sabar.
"Bedul....Enyaan geuning nu dagang teh soleh euy!" ceuk eta jalma bari meureudeuy ditungtungan nyengir kuda.
 
syam ridwan
 
Baraya....abis bulan moal bisa seuri sugema lamun can ngaborong "keom sakedap"salima lima...mangga enggal kontek MJ!
Kanu ngaborong pangheulana bakal "dijapri" ku sinyai  anu herang mencrang tea. Teeetttt! (bari mencet remot)
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke