Nuhun ah. Tulisan ieu mah ti sudut pandang kuring nu awam soal urusan "moge". Tapi raraosan mah teu nyebat arogan kanu tumpak moge. Ngan kuring mah nyebutkeun sombong ka supir Toyota Land Cruisser nu kacirina sombong (nya duka teuing saleresna mah da papanggihna ge ukur harita).
Tapi aya hal nu diwartoskeun dina koran, soal Moge ieu teh. Nu masih kaemut ku kuring, wartosna kira-kira kieu : 1). Aya kajadian di Bogor, dosen IPB digebugan kunu tumpak Moge kulantaran mobilna ngahalangan. 2). Aya wartos, Moge oge sok disulundupkeun. Aya Moge henteu gaduh nomor polisi. Kantos ningali wartos tina TV, Moge aya dina kontainer. 3). Aya usul ti nu resep Moge, supaya bisa asup ka Jalan Tol. Padahal UU Lalu Lintas di urang, jalan Tol ukur keur kendaraan roda opat. baktos, WALUYA --- In [email protected], Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Waluya, > mun mogers keur ngaliwat dan dikawal eta hartosna punten ngiring > ngalangkung, nyuhunkeun dipayunkeun. > sok da kaliwatanna oge ngan sabaraha detik...palingan weekend doang. > ceunah arogan,.... ah heunteu da tos woro-woro, nguing2 sirine tea. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

