----- Original Message -----
Sent: Thursday, August 31, 2006 3:54
PM
Subject: [Urang Sunda] nyaba
cengkareng
sore ieu jam 4 pangulinan nitah ulin ka cengkareng bandara. kudu
ngajemput calon msiswi nu rek sakola di pangulinan, jadi msiswa tamu
sasemester. nenehna maren kempken. urang aachen jerman. pesawatna
nepi ka CGK peuting jam 9an cenah.
ditalek make e-mail in English, naha bet hayang ngasaan sakola di
bandung? BJ Habibie -presiden RI ka opat, sakola di Aachen, urang Aachen malah
kadieu. heuheu.
nya siga perkara Miki nu nulis ngeunaan sajarah bahasa sunda, kitu da
jelema mah. urang diajar ka batur, batur oge loba nu diajar ka urang atawa di
urang. tesis jeung desertasi mikihiro ngeunaan basa sunda. tesis kuring nu
urang ciamis ngeunaan desain skandinavia. hehe.
neng maren teh di aachenna tos kursus heula basa indonesia cenah. sae
atuh. sugan we genep bulan bisa oge nyarita basa sunda.
ka CGK jeung supir ti pangulinan kana panther. urang bdg, bilih
bade nebeng ka jkt, mangga sms. hehe.
__________ NOD32 1.1732
(20060830) Information __________
This message was checked by NOD32
antivirus system.
http://www.eset.com