Haturan Ayi Ono. Sim kuring ge nembean yeuh nincak alam Kusnet teh. Unggal dinten rame wae nya resep. Ke ke ke iraha di Bontang teh Yi? Linggih di Lhok Tuan tea henteu? Eta anu sareng  Kellogs? Salam nya ka urang IKPT.

[EMAIL PROTECTED] wrote:

Assalamualaikum Wr. Wb.

Tos lami teu ngiring ulubiung di ieu babakan, duka tah tos sabaraha sasih, 2 - 3 sasih panginten. Lantaran imel na diblokir ku juragan IT tea. Aya oge account imel di yahoo, asa hoream muka yahoo mah. Ayeuna tos dinormalkeun deui jigana ku juragan IT, aaah dasar Abdi na baong, keukeuh we ngalangganan ngulampreng ka babakan.

Pami dititenan mah geuningan seueur nami baraya-baraya Kusnet ayeuna nu enggal. Panginten salami Abdi teu tiasa nampi imel ti babakan teh seueur kadang wargi nu nembean daftar janten anggota atanapi ngawitan aktif ngintun imel ka babakan.

Atuh jalaran aya paripaos "tak kenal maka tak sayang", sim Abdi bade seja ngawanohkeun nyalira hususon kanggo baraya Kusnet nu enggal. Nami mah Ono Taryono kawit ti Kuningan. Sawewengkon lah sareng Kang Ndoell tukang ngorong tea heuheuheu....Yuswa nembe 25 taun kalayan status 'available' ("Kekeke....nanaonan ieu teh make nyebutkeun status 'available' sagala, hayang dipentung ku mitoha kituw...??!", ceuk Kang Kumi bari molotot ka Abdi.)

Pami dumuk mah tacan panceg, masih pundah-pindah alias nomaden. Kantos dumuk di Bandung 7 taun, ti taun 1997 dugi ka taun 2004, di Cikampek sataun, taun 2004 dugi ka taun 2005. Kantos oge dumuk di Bontang sok sanaos mung 3 sasih heuheuheu. Ayeuna mah kaleresan nuju bubuara di Jakarta janten kuli di salah sawios pausahaan engineering dina widang migas.

Rupina mung sakitu we heula. Sakali deui kanggo baraya Kusnet nu enggal, wilujeng tepang we, wilujeng wanoh. Mangga ah....



Baktos,
OTA  

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke