Daya tarik lawan jenis, memang benten antara awewe sareng lalaki. 
Manusa nu ceuk teori Darwin mah hasil evolusi, boga sifat-sifat nu 
diwariskeun ti luluhurna. Salah sahiji dorongan alamiah mahluk hirup, 
ngalanggengkeun speciesna. Carana rupa-rupa, salah sahijina nurunkeun 
turunan ti individu nu geus kaciri kaunggulanana.

Sato, siga uncal, mencek jrrd lamun dina waktu usum kawin, jaluna sok 
garelut, tepi ka aya nu kaluar jadi "juara". Kaum "bikang" biasana 
milih sang "juara" ieu. Milih sang "juara", hartina engke anakna mawa 
gen sang "juara". Ngahasilkeun turunan anu tangguh/ kuat diperlukeun 
keur ngalanggengkeun speciesna. Kahirupan sosial monyet oge sarua, 
Mandahong (Pupuhu monyet), biasana panglobana bikangna. Bikang di 
dunya "satwa" leuwih katarik ka Jalu nu kawasa jeung kuat. Ieu 
Alamiah ....

Manusa sigana kawaris ku sifat-sifat eta. Sub Etnik di Papua di 
kajeroan, pupuhu Sukuna (ketua Suku) bisa boga pamajikan loba pisan. 
Obahorok kungsi kabejakeun boga pamajikan leuwih ti sapuluh. Tapi 
manusia modern mah tangtuna oge lain, lalaki nu "hebat", lain 
kulantaran jago gelut bisa ngelehkeun lalaki sejen dina "arena 
gelut". Tapi lalaki nu mampan jeung sukses hirup sanajan dipilih oge 
dina segi phisikna mancho, kumisan jeung jembrosan ....hehehehe


Baktos,
WALUYA
[Nu weleh teu ngarti, aya awewe "jatuh cinta" bebeakan melaan marinir 
desertir, nu dihukum pati]     


--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Kang MH, punten pami aya info dihandap ieu lepat
> dikoreksi.
> 
> Tatangga sabeulah imah kuring, kamari kakarek mulang
> ti malaysia sabada 3 minggu ngalongokan bojona di
> Kualalumpur (KL), dokter gigi anu dikontrak ku
> pamarentah Malaysia.







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke