Aduh kang Dudi ,  numawi sim kuring oge hoyong terang pisan naon hartosna dudi teh. Mun harita waktu dilahirkeun sim kuring apal bade dingaranan dudi, ah rek nawar we  ka indung bapa teh, entong dingaranan dudi. Ngan waktu harita  ngaran  sim kuring diwawarkeun , sim kuring duka keur kamana tah paroho deui. He..he..he.
 
Ceuk kolot sim kuring mah, kunaon   bet dingaranan Mulyadi. Cenah waktu brol lahir teh  harita teh presiden Soekarno ngangkat  pak Mulyadi Djojomartono janten menteri sosial ( tuh jadi apal we  produksi taun sabaraha tah sim kuring ). Dasar urang sunda , atuh  ditambahan we ku ngaran Dudi di hareupna. Ari kang Dudi , naha kawas aya hawar hawar nami jawana " Herlianto".
 
Tapi kusabab kang Dudi  panasaran naon hartosna "dudi" ,nya  di tempat gawe, sim kuring rek tatanya ka ditu kadieu. Keur saheulaanan kakara nanya ka urang Arab jeung India. Isukan sugan rek nanya ka urang Cina, Philipina jeung Rumania (kabeneran aya ).
Cenah ceuk urang Arab . asa euweuh   kecap arab  "dudi' . Aya oge  nu saya nyaho , cenah. Dodi El fayed  temannya Diana ( lady tea). Eh  lain deui atuh eta mah.
 
Ceuk urang India , aya cenah kecap anu  rada pas dina basa Hindi, nyaeta kecap
" dud", anu ngandung harti "susu". Tah... tah  , rada alus oge  yeuh ceuk dina  pikir teh.
Susu  mah pan inuman anu nyehatkeun . Boh keur budak  boh keur kolot, lalaki atawa awewe. Tapi mangkade lain susu anu di beha an, tapi susu  dina harti "milk" ceuk Ingrisna mah. Tapi pan nu dibehaan oge pan nyegerkeun. hehehe
 
Jadi ngaran urang teh  sarua jeung inuman anu nyehatkeun, anu mana engke di sawarga  aya susukanna ngalontor . Insya Allah
 
Tah  keur saheulaanan mah kitu tah hartina "dudi" teh  ceuk basa Hindi mah.
 
 
Salam
Dudi 


Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heuheu.. hatur nuhun kang Dudi (halah euy asa nikukur :))).. alah muhun nya ngabeubeurik nu ngawang-ngawang mah langkung hese. ngan bodo we nya jalema asup kana paribasa eta mah naha teu dikelek tah si peusing sabari moro julang..

***

toz sabaraha dudi nya di ieu milis, cik urang etang geura, urang duaan kang, tilu kang dudi ss urang sumedang nu linggih di purwokerto (eh saurna bade ngalih ka kalimantan nya? tos kitu?) teras ... asana mah aya keneh ngan hilap heuheuy deuh pasaran oge geuning ngaran dudi teh. sugan teh kapungkur mah hipermarket eung

kaleresan nu ngawaler kang Dudi simkuring bade ngalajengkeun naros deui, wios? kieu kang ti kapungkur simkuring teh weleh teu mendak hartos nami "dudi", pan cek cenah nami teh doa. pan panginten lamun nami urang hartosna sae doana ge sae. mamanawian akang terang, cik ari hartos "dudi" teh naon?

dh

On 8/31/06, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:
Mun teu lepat mah kieu kawasna teh.
Ari julang mah pan ngapak di luhur( hese diudag) , sedengkeun peusing mah ngalingker dihandap (gampang ditewak).
Sok  naha mending nu gampang di tewak atawa nu hese diudagna.
 
Aya hukum ekonomi kieu: Mun pagawean resikona leutik  nya kauntunganna oge saeutik, sedengkeun upama resikona gede aya kamungkinan kauntungannana oge bakal mucekil. Contona:  neundeun duit di deposito  , resikona leungit  leutik, tapi pan kauntungan sataunna  paling gede 12 % . Tapi lamun  bisnis saham, kamungkinan meunang untung ratusan persen sataunna  aya, tapi kamungkinan leungit jeung modal modalna ge aya. Jadi resikona gede pisan.
 
Jadi ibaratna ,moro julang teh  ngandung resiko anu gede, da hese ditewakna tea . Ngapung di luhur tea pan. Tapi ari newak peusing mah pan resiko teu katewakna ge  saeutik da si peusingna cicing ngalingker tea, sanes?. 
 
Tah kitu kulan kinten kintenna maksad tina paribasa anu diunggelkeun tadi teh.
 
salam
ti Dudi oge





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com


Get your own web address for just $1.99/1st yr. We'll help. Yahoo! Small Business. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke