hayang pisan euy magang??? dimana nya magangna??? aya lowongan teu?? heuheuheuheu....
-bohay- hayang magang nu jiga kieu euy.. 2006/9/1, sr <[EMAIL PROTECTED]>: > > Panasaran hayang nyaho eusi hate siti nurhaliza, kuring ngahaja silih > > transfers eusi hate jeung neng siti ngaliwatan bluetooth hate. Hasilna > > kanyahoan geuning matak ridho dipigarwa ku datuk "k" teh aya sabab sababna, > > lain pedah boga "kumis mersa" atawa boga harta barana, tapi ngan hiji anu > > jadi bahan pertimbangan neng siti teh nyaeta "pangalaman". > > Masuk akal lamun alesanana nepi ka lebah dinya, da saenyana lamun ngalamar > pagawean ge nu ditanya teh "pangalaman" heula, kitu deui ngalamar siti > nurhaliza. Pangalaman cinta datuk "k" nepikeun ka boga dua samemeh manehna, > dianggap geus cukup pikeun siti nurhaliza, nya ahirna pangalaman cinta datuk > "k" nu katilu dialaman babarengan jeung manehna. Kisah asmarandanana jeung > datuk "k" lain ngan ukur sakerejet malahan kisah cintrongna geus dibukukeun > samemeh dua sejoli eta naraek ring. > > Jadi kasimpulanana pangalaman teh penting lain ngan ukur jeung ngalamar > pagawean wae. Ku kituna anu geus boga pangalaman ulah laleutik hate, keun wae > neng siti mah da geus muklis milik datuk "k" tah sugan we atuh dian sastro > boga pamikiran sarupa kawas siti nurhaliza. Atuh kanu can baroga pangalaman, > garewat maragang! > sr > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

