asa kaemutan, dinten ayeuna teh aya lustrum lss, pupuhu panatacalagarana teh budak himpunan simkuring, kang aditya rojali naha atuh bet hilap-hilap teuing. tos sababaraha wengi brang-breng-brong wae eta teh tah di lapang student centre (lapang puseur mahasiswa). rupina mah nuju gladi bersih.
nembe ngalangkung, eh naha tos dikawita, acarana tos dibuka, ku rampak bedug, saur tukang-wawar (mc_hehe), acara bade teras dugi ka tabuh 3 sonten, dipotong heula, teras we dilajeng ku pagelaran tabuh 7 wengi ayeuna dugi ka rengse, biasana mah dugi ka tabuh 1 wengi. kumargi kitu, seja ngawartosan, ngajak sareng ngemutan...ka wargi kusnet anu di bandung, gampil pangintennya geser ka ganesha, ngisternan sunda mekar-na lss. dihaturanan, _andi adiwiarta Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

