hehehhe.....cik sabalikna, ari pameget umumna bersipat Polygam 
henteu?

Ngabahas soal poligami tos sabaraha kali asana mah. Abi kantos 
masihan opinina. Pami dibahas deui panjang deui caritana :)
Jaman kapungkur mah poligami pan tos biasa, ari ayeuna mah benten 
deui. 
Leres kasauran kang ono. Seueur istri nu nolak poligami, tapi istri 
deui nu sukarela dijadikeun istri ka 2, ka3, atawa ka 4. Konsekuensi 
tina teu meratana soal poligami panginten.
Poligami henteu ditutup rapet2 ku islam, tapi henteu oge dibuka 
salebar2na. Poligami diijinkan "asal" bisa adil, sareng teu 
ngadatangkeun kamudharatan. Kedahna hal ieu jadi emutan kanggo para 
pameget, utamana nu hoyong poligami :).
Sedengkeun jalma mah moal tiasa adil. Adil anu dimaksud didieu 
nyaeta sanes adil dina materi atawa sanesna tapi adil dina rasa 
kasih. Mun rasa kasih langkung sieun cenderung hal2 sejen ge 
langkung. 
Apan Rosul ge saurna teu tiasa adil, da kadeudeuhna ka Khadijah 
langkung tinu sanes. 

Tapi jadi istri nu ngora, saleresna mah mun dijalanan beurat oge. 
Utamana pangakuan tina lingkungan sosial (nganut monogami) anu can 
bisa narima kaayaan status sabagai istri ka-2. Teu sakedik oge tos 
ditikah ditalantarkeun ku salakina, atawa milih cerai deui. Didieu 
kedahna si pameget kudu bisa boga kabijaksanaan nya. Sareng emutan 
lah sarebu kali kanggo istri nu hoyong jadi ka 2 :)
Tapi istri ka 1 atawa ka 2, sami wae teu aya bedana. Sanes suatu 
kabanggaan kanggo jadi istri nu kolot, sanes oge suatu kakurangan 
kanggo jadi istri nu ngora. 

Kang ono, ceuk cenah wanoja mah jalma anu misterius, mun ku abi 
dicarioskeun ka kang ono pasipatan wanoja siga kumaha, atuh moal 
disebut misterius deui...keun we sina panasaran....hehehe


Cag ah,
Neng Iva


--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Uing mah seurius teu ngarti ku pasipatan awewe. Teu saeutik awewe 
teu daek 
> jadi nu "kolot", tapi kunaon ari jadi nu "ngora" mah bet taya nu 
komplen.
> Heuheuheu....boa-boa maranehna na hate leutikna mah pro poligami 
ngan teu 
> wani dikedalkeun....
> 
> Teh Mia, Teh Emme, Ceu Roro sareng Mojang Akang kamarana nya....??!
Kok 
> diem sajah, ga mengeluarkan opininya hihihi...??!
> 
> Mangga ah....rek neruskeun paculeun deui....
> 
> 
> Baktos,
> OTA
> *** Nu Keur Diajar Nulis Sunda Lemes jeung Sunda Loma
>  
> 
> 
> 
> "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> 
> Sent by: [email protected]
> 09/01/2006 09:11 AM
> Please respond to
> [email protected]
> 
> 
> To
> [email protected]
> cc
> 
> Subject
> Re: [Urang Sunda] Pasipatan Lalaki
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Asa kajalanan ku kang Aj.
> tadi teh aya salintas pikiran, basa kuring keur cingogo di 
pacilingan.
> 
> anu salintas eta teh kieu :
> 
> Lagu (teuing saya penciptana) :
> 
>     "Wanita di jajah pria sejak dulu........" 
> 
> naon sababna nepika pencipta lagu eta nulis syair nepi ka kitu?
> 
> jawaban na mah sederhana:
> - lalaki mah bersatu
> - awewe mah henteu bersatu.
> 
> contona carita diluhur.
> 
> aya deui conto sejen.
> - awewe sok menentang keras poligami, tapi aya awewe anu malah 
ngarebut 
> salaki batur (Conto Sophia Latjuba jeung Siti Nurhaliza).
> Ieu kan nunjukkeun awewe teh teu sapamadegan.
> 
> - awewe mah sok pakia-kia, silih gorengkeun awewe sejen. boh dina 
urusan 
> lalaki boh dina urusan sejen. Semangat kompetisi na teh rada 
kaluar batas. 
> Lamun geus dianggap rival teh,beuuhh........ parah we lah..... 
>  
> ****Bersatu kita teguh bercerai kita runtuh.
> 
> 
> 
> 
> On 8/31/06, fira zahra <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> Sampurasun...
> Leres Kang eta mah lucu pisan. Solidaritas diantara laki-laki 
tinggi 
> pisan. Tapi tong lepat, aranjeuna teh nuju invest. Engke dimana 
aranjeunna 
> kapepet urang pasti ditagih jasa jadi saksi alibi. Kade ah, ka 
sakumna 
> istri urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngawangun solidaritas anu 
langkung 
> solid ti pameget. ,___
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke