Warta Pabukon
YP kenging sumbangan buku-buku rada heubeul pedalan Pustaka Jaya ti
teh Titi putrina kang Ajip Rosidi. Sumbangan buku ditampi Ua Sasmita.
Kamari sakardus disumbangkeun kanggo pabukon Sagaranten Jampang
Sukabumi Kidul. Kaleresan aya Yudi, balad Jafon Pajar Siddik ka
Bandung, pendak si Ua di Sabuga basa acara Mikihiro.

Pabukon Subang
Oge buku anyar sakardus tos dikintun ka Subang, kanggo pabukon Rumah
Belajar 77 di Gd. Student Care Center LT II, Jl. MT Haryono, kelurahan
Cigadung Subang.

-------------
Perkawis sesa Dompet Tsunami Tatar Sunda
Sesa nu Rp. 600.000, kumargi teu aya tambihan kanggo program DTTS,
dilebetkeun kana kencleng YP Pabukon.

--------
perkawis kopdar langsat
enya, hapunten teu jadi miluan. indungna budak keur bureuyeung, bulan alaeun.
mun lahir tanggal 11 september teh...heboh. sabab sarua tanggalna
jeung gedong WTC di NYC ditabrak kapal tea.

ngarana? nya meureun ari ngaran WTC mah teu hade, mun lalaki teh,
ngaran arsitek gedong eta we. Minoru Yamasaki. hehe ngaran jepang, da
warga amrik turunan jepang


-- 
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke