Cenah urang sunda mah kudu (versi pelesetannana. Punten nya)

"Kudu hade gogog hade meong". Hartina hade ingon ingonna
"Nyayur kudu jeung  bubur, peda kudu dipanggang".Hartina kudu sederhana dina barang dahar
 
"Sacangreud beuheung pageuh, ngagolek paeh". Tah ieu mah hartina jalma aral.
 
"Ulah lali ka purwadarminta". Hartina kudu apal kamus ieu mah
 
" Mulih ka Sekejati, mulang ka Saal". Hartina  dipenjara di Sekejati
 
" Didin Pinasti, Ganjar, siUnang sih ". Ieu mah hartina bodor kabeh
 
" Nimu uang tina kutang ". Ieu mah hartina sok kokorobet
 
Geus ah, saheulaanan, lila teuing ngetikna ( Punten we lah dipelesetkeun ).
Nu asli jeung nu benerna mah baca deui we artikel dihandapna.
Sakali deui punten , supados teu kararesel yeuh.
 
Wassalam
 
 
 

Agus Hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
To: [email protected]
From: "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Tue, 05 Sep 2006 08:26:54 -0000
Subject: [Urang Sunda] Pandangan hidup urang sunda

Ieu aya blog sae: http://www.wsab.blogspot.com/
"Wanita Sunda Antar Benua (WSAB)" cenah....
sok mangga dianjangan,
di handap ieu kenging nukil tidak eta blog

PANDANGAN HIRUP URANG SUNDA

Pandangan hirup urang Sunda dipilah jadi 5 bagian yaeta :

1.Urang Sunda sabage pribadi

Kudu hade gogog hade tagog
Urang Sunda diharepkeun sajabaning ngabogaan rupa jeung awak nu
tegep, pantes, oge ngabogaan budi jeung sikep nu hade.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu diungang
Urang Sunda kudu bisa ngandalikeun lisan, ngomong kudu aya maksud
jeung tujuan nu bener, cumarita kudu diatur sangkan teu nganyeurikeun
batur.

Sacanggreud pageuh sagolek pangkek
Urang Sunda mah kudu ngabogaan sikep nu tandes, konsisten, henteu
jalir jangji. Pengkuh dina bebeneran

Ulah lali ka purwadaksina
Urang Sunda kudu tetep sederhan , teu meunang kaleuleuwihan dina
enggoning ngalakonan kahuripan, kudu inget ka asal. Asal jelema mah
teu boga nanaon, euwueh nu kudu dipikareueus kabeh ge milik nu maha
suci Tuhan YME

2.Hubungan jeung nu nyiptakeunnana

Mulih ka jati mulang ka asal
Urang Sunda kudu inget yen jelema mah diciptekeun ku Tuhan YME, oge
bakal maot balik deui ka nu bogana

Dihin pinasti anyar pinanggih
Urang Sunda kudu percaya sagala rupa kajadian teh kabeh lantaran ijin
ti Tuhan YME

Nimu luang tina burang
Urang Sunda kudu yakin yen sagala kasusah tangtu aya hikmahna, nu
kudu di teang hikmah tina sagala kajadian eta.

3.Hubungan jeung lingkungan social

Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
Urang Sunda kudu hirup rukun silih pikanyaah, silih simbeuh ku
kadeudeuh.

Pondok jodo panjang baraya
Urang Sunda kudu boga kayakinan sanajan lain jodo tapi babarayaan/
duduluran mah teu meunang pegat

Ulah ngaliarkeun tales ateul
Urang Sunda teu meunang nyebarkeun isu/ berita, nu can tangtu benerna
komo deui nu teu bener.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Sanajan susah, kudu tetep babarengan

Nyuhunkeun bobot pangayun timbang taraju
Kaadilan nyaeta milik sakabeh jelema, kitu oge urang sunda kudu
miharep diperlakukeun adil, oge kudu nagbogaan rasa kadilan ka sasama

Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang
Urang Sunda mah lamun dating kahiji tempat kudu boga pamaksudan nu
puguh, jadi unggal rek indit-inditan kamana wae, rek hadir dimana wae
oge tinangtu boga tujuan

Taraje nanggeuh dulang tinande
Urang Sunda mah lamun dibere pancen naon wae kudu ngajalankeun
kawajiban nu bener.

4.Hubungan jeung lingkungan alam

Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna
Urang Sunda ngabogaan kayakinan yen tiap-tiap mahluk boga carana
sorangan dina kajalankeun kahirupannana

Jawadah tutung biritna, sacara-carana
Urang Sunda mah kudu ngahargaan kana kabiasaan batur sanajan beda
jeung urang sorangan

5.Kamajuan lahiriah ku jalan taat kana norma-norma

Ulah pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian
Urang Sunda teu menang parebut kakawasaan atawa jabatan

Ulah ngukur baju sasereg awak
Urang Sunda teu meunang ningali masalah tina kapentingan pribadi

Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Urang Sunda mah teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat)

Ulah ngeok memeh dipacok
Urang Sunda mah teu meunang mundur samemeh ihtiar

Kudu bisa kabula kabale
Urang Sunda mah kudu bisa hirup dimana wae, wawuh/gaul jeung saha wae
(fleksibel)

Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu
ngarah moal ngarih
Urang Sunda mah kudu bisa usaha satekah polah (maksimal) keur nedunan
pangabutuh.



How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke