Kuring karek beres maca majalah digital "Klik Magazine".
Bentukna file pdf, jeung bisa didownload gratis di www.klikmagazine.com.
Kuring lain rek promosi website, tapi ngan saukur nepikeun pamikiran anu ngalintas dina uteuk.
Naon hubunganna jeung Apih Sidik ?
Basa kopdar kamari di langsat, Apih sidik nyaritakeun ngeunaan tabloid/koran gratis di Korea. Sabenerna di urang oge geus aya anu nerapkeun gratisan kitu teh, diantarana koran gratis di halteu busway jeung majalah Djakarta! anu hargana Rp. 1,-
Kakuatan media ieu teh aya dina "GRATIS" na.
Lamun urang hayang nepikeun pesen ka jalma loba, boh iklan, boh artikel, jsb. COba nyieun media Gratis, bakal loba geura pembacana.
Buktina koran di Halteu Busway, tara pernah nyesa!
Apih Sidik boga ideu, kumaha lamun urang, urang sunda, nyieun hal anu samodel kitu ?
Nyieun tabloid, mingguan misalna. Eusina teh ngeunaan sunda jeung kasundaan.
(tambahan kuring : boh anu tradisional atawa anu kontemporer)
Sedengkeun nempatkeun (nyebarkeunana) di tempat-tempat publik. Anu kapikiran kamari teh nyaeta terminal.
(tambahan kuring : Terminalna di Kampung Rambutan wae, da rambutan mah geus jadi "Terminal Sunda" he.he.he..)
Ngan meureun anu kudu dipikiran teh kumaha teknis penerbitan jeung waragadna. Kabeneran kuring mah acan boga elmu ieu teh.
Cik baraya, anu ngarti penerbitan, menta pamanggihna?
Tabloid sunda mingguan di milis urangsunda.
Balik deui ka klik magazine, kumaha lamun di milis urang, tiap minggu aya tabloidna. bentukna file pdf.
eusina tangtu kasundaan. sumberna bisa ti tilu tempat :
- tina dokumen POESAKA SOENDA
- tina website urang-sunda.or.id
- tina pamikiran baraya kabeh (nyumbang artikel)
eusina rek tradisional rek kontemporer.
Cikan, kumaha tah baraya ?
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

