enyalah lamun teh Tien sehat. abdi mah laen ngabayangkeun nangkana tapi eta hape na dihandapeun nangka kawas kumaha bentuk na kituw.
----- Original Message -----
From: syamridwan
Sent: Thursday, September 07, 2006 11:14 AM
Subject: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien

Mangkukna dimilis gujrud yen teh Tien kenging ka musibahan saurna dugikeun ka geger otak. Kamari peuting sakadang hape ngadadak gugurubugan langsung we dicacapa na saku calana beulah katuhu pas nek dikaluarkeun da ningan pageuh, sihoreng hape mah nyelegon disaku calana beulah kenca. Barang bray teh dina layarna atra teh Tien ngoling, langsung we say hello "Bundoooo!" (kawas simalin ngagentraan emana) bari jeung hariweusweus tunyu tanya, timimiti kumaha damang? enya gebis? geger otak?  Ditanya kitu teh si teh Tien kalahka nyeuleukeuteuk malah malik nanya, saur saha?. Nya dibeberkeun we yen di milis mah kungsi gujrud yen siteteh keuna musibah  aya nu nampa beja lewat sms ngan teu jelas, atuh jul jol rea nu ngaduakeun. Dikitukeun kakara sieteh ngaku, enya cenah ari gebis mah tina sapedah ngan alhamdulillah henteu ari nepikeun ka geger mah ngan sa awak awak gareuneuk malahan hape ge matak teu nyambung ge ngilu murag terus kagaley teu kapuluk deui. Saminggu ngaringkuk  "Bayangkeun waktu siteteh ragrag kawas nangka asak..Blug!" ceuk teh Tien bari nyakakak. "Atuh aspalna nyeblok!" uing ngengklokan, siteteh kontan ngahahah deui.
 
Ka wargi kusnet pangdugikeun we cenah siteteh ayeuna mah tos sehat sabihara bihari, ngan jamak ari masih enyut2an mah. Saurna deui hatur nuhun kana perhatosanana sareng pangduana ti baraya sadaya. Hapunten cenah can tiasa ngelol deui ka milis, masih bouncing. Bilih sawaktu waktu peryogi no. hpna nu anyar tiasa dikoling di 081931026518.
 
Ieu mah hususon ka MJ ari buku keom teh masih aya keneh? Teh Tien pesen 10 siki. Mun aya keneh transfers kamana? Ke ku abdi dismskeun mun aya no.rek-na ka teh Tien. Atuh mun tos aya siteteh cena masihan alamat kanggo ngirimna.
 
Baktos,
sr


__________ NOD32 1.1742 (20060906) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke