Tempat ditimukeun layon Kang Deden teh sabenerna mah lain di jurang, 
tapi di "lembah" (naon basa sundana nya?), diantara dua pasir. Ieu 
pasir teh geus dibukbak leuweungna, kai nu aralusna diarala, ari nu 
goreng jeung dahan-dahan kai disurungkeun ku dozer kana lembah, Jadi 
weh "lembah" teh jadi tumpukan kai. Terus diduruk deuih. Tapi maklum 
kai baseuh, teu beak. Kuring oge kungsi ngaliwat ka lebah dinya, tapi 
sarerea oge teu wani "motong kompas", nincakan kai nu pasolengkarh 
kitu. Kajeun teuing nguliring rada jauh. Nu teu ngarti, kunaon Kang 
Deden wani motong kompas kitu, nepi ka manehna, tikurusuk ke jero 
tumpukan kai, nu jerona leuwih ti opat meter. Naha manehna teh 
rurusuhan kitu nyusul UDin, pedah menta izin heula, balik ka kemah, 
waktu istirahat beurang? Kuring tepi ka ayeuna oge teu meunang 
jawaban, da teu aya nu nyaksian kumaha kajadian nu sabenerna.

Anu mimiti nimukeun, pasukan SAR ti pulisi. Ceuk pulisi, pulisi 
curiga, waktu pasanggrok jeung meong congkok, terus diudag, meong 
congkok teh lumpat kana tumpukan kai ieu. Kaangseu siga bau mayit. 
Nya dipariksa, breh weh kapendak. Di Kalbar aya meong congkok, tapi 
warnana bulu hiris, henteu koneng jiga diurang. Ngareungeu dongeng 
pulisi nu nimukeun, kuring ngahuleng, inget peutingna samemeh layon 
ditimukeun, aya panon sato, nu hurung kasorot ku senter, di kolong 
kemah. Kuring nyangka eta meong congkok, sabab panon nu hurung teh 
siga panon ucing nu kasorot lampu. Moal eta sato teh "ngabejaan"?, 
wallaahua a'lam bisawab .....

Layon Kang Deden Sanggeus ditimukeun, teras dipetian, dicandak ka 
Darmaga paragi eureun parahu. Di Darmaga, kuring ditanya rek 
dikuburkeun dimana, Di Bandung, ceuk kuring teh. Nya disiapkeun Long 
boat, peti layon disimpen di hateup long-boat. Ari kuring 
saparakanca, tumpak dijerona. Harita teh geus jam satengah tujuh 
sore. Geus poek. Geuleuyeung, long-boat maju, mapay-mapay walungan 
Sambas. Dihareup juru mudi dibantuan kunu mawa senter, nyorot 
walungan, bisi nabrak catang anu palid. Di jero, euweuh nu ngomong 
sakemek-kemek acan. 

Kuring rada nundutan, bakating ku cape. Satengah teu sadar, kuring 
nempo kaluar. Hah .... ieu teh dimana, di sisi-sisi walungan 
baranang "lampu" laleutik, reup-bray. Kuring ngagisik panon, terus 
disidik-sidik ....Ya, Allah, sisi-sisi walungan teh pinuh ku cika-
cika! (kunang-kunang). Sapanjang sisi walungan ti Satai ka Sambas, 
dina rungkun-rungkun pinuh ku cika-cika, aya jutaan. Walungan 
katempona siga jalan raya, disisina dibatesan ku cahaya reup-bray nu 
oge dipantuleun ku cai walungan. Kuring ngusap beungeut sababraha 
kali, nempo kaendahan alam ieu. Cika-cika teh siga nu nganteurkeun 
layon kang Deden ...

Jam 11 peuting, long boat badarat di Sambas, layon diasupkeun kana 
ambulan, langsung dibawa ka rumah sakit di Singkawang. Di Singkawang 
geus aya nu nyambut, jeung ngurus. Layon rek diibakan jeung 
dishalatkeun. Terus rek dipetian. Kuring neangan panginepan.

Poe Kemis isuk-isuk, tgl ....... 1982, ambulan nu mawa layon, jeung 
mobil nu mawa kuring saparakanca ngageuleuyeung nuju Bandara Supadio 
Pontianak. Kuring harita dibekelan surat ti Bupati Sambas keur ka 
Garuda. Tepi ka Bandara Supadio, kuring langsung ka lapor ka Garuda. 
Tapi pagawe Garuda di Bandara kalahka nyereng, kudu lapor heula ka 
kantor Garuda di Kota Pontianak. Atuh kuring teh gura-giru ka ka 
Kota, cul weh layon mah jeung nu sejen. Di Garuda Pontianak, nu 
ngalayanan teh mani judes, teu seuri-seuri acan. Pinuh cenah 
pesawatna, aya oge saurangeun. Kuring jeung Azmir ngaharuleng, da 
tadina mah mawa jenazah teh rek dua urang, kuring jeung Azmir. 
Sanajan ditembongan surat ti Bupati Sambas, eh ....keukeuh we ngan 
saurangeun. Nya kapaksa, kuring wungkul anu nganteurkeun jenazah teh.

Tiket pesawat dijieun, tiket keur layon oge dijieun. Rada ngajenghok 
nempo tulisan dina tiket keur jenasah, tulisanana teh HUMAN REMAIN, 
arga tiketna tilu kali ti harga tiket panumpang. Kuring nyemprung 
deui ka Bandara. Di Bandara kasampak teh babaturan keur ngaragajian 
peti mati!

Ceuk maranehna, tadi geus dicobaan diasupkan kana panto bagasi 
pesawat ( Fokker-28), tapi teu asup. Jadina kudu dileutikkeun. Kuring 
ukur ngurut dada, nepi ka kieu, musibah teh. Kuring ngan saukur bisa 
istigfar sababaraha kali.

Tapi akhirna beres, peti mati bisa asup kana pesawat, kuring ge 
akhirna asup kana kabin pesawat. Samemeh hiber, panumpang gigireun 
kuring ngomong :" Pak, pesawat ini, membawa jenazah", siga nu 
hariwang.

"Oh begitu?", ceuk kuring pura-pura teu nyaho, "Saya mah tidak 
tahu ..."

Di pesawat, kuring kakara inget, kuring teu nelepon ka Bandung atawa 
ka Jakarta. Teu inget saeutik-eutik acan. Alah ...ieung, ari engke 
turun di Kemayoran rek kumaha. Tapi ras inget ucapan aktris dina 
film "Gone With The Wind", "pikirkeun we engke, isuk!", kuring 
meureumkeun panon, teu karasa sare. Hudang-hudang, waktu karasa 
gururudugan, kapal geus badarat. Kapal parkir, kuring mikir, ieu 
jenazah rek dititipkeun heula, kuring rek neangan ambulan keur mawa 
ka Bandung. 

Bray panto pesawat dibuka, panumpang tarurun, kuring mandeurikeun 
maneh, pangakhirna. Pas kaluar, rek nete pisan tangga, katingali Pa 
Salahudin Wahid jeung istrina keur ngajanteng dihandapeun tangga. 
Kuring tuturubun turun kahandap, langsung sasalaman jeung anjeunna 
sareng ka istrina. Pa Saluhudin nyarios : "Peti sedang dimasukkan ke 
ambulans", cenah.

Plong teh hate. Sihoreng si Azmir nelepon ti Pontianak ka Pa 
Salahudin. Untung aya nu hideng. Pa Salahudin oge nyarios yen 
kulawarga Deden geus dibejaan. Kulanataran terang Pa Salahudin Wahid 
teh ti kalangan Nahdiyin kitu oge istrina, putri mantan Menteri 
Agama, kuring naroskeun naha peti teh kedah dibuka heula atawa 
henteu, sabab aya pesen ti pihak Rumah Sakit di Singkawang, peti ieu 
teh teu kenging dibuka, da cenah parantos dipasihan taneuh, tinggal 
nguburkeun.

Istrina nu ngajawab: "Ah, kalau sudah dikasih tanah, enggak usah 
dibuka, langsung saja bisa dikuburkan".

Ambulan geus siap, peti geus diasupkeun. Kuring pamitan ka Pa 
Solahudin, langsung miang ka Bandung. Tiluan we, kuring, supir 
ambulans jeung nu marengan supir ambulan. Harita teh keur libur 
nasional, teuing libur naon, poho deui. Ngaruntuy ti Poe Kemis, 
jumaah. Atuh Puncak teh macet kacida, matak kesel ... 

Datang ka Bandung jam satu peuting. Asup ka jalan Padasuka, rada 
hemar-hemir, kumaha lamun acan nyarahoeun. Tapi kuring ningali dibumi 
Ua Endang, Imahna kolotna Kang Deden geus loba jelema. Sreg, ambulans 
eureun. Rob jelema kana ambulans. Kuring lalaunan muka panto 
ambulans, terus kaluar. Ua Istri ngagabrug, ngagalentoran, dulur-
dulur kuring nyangkeh kuring mawa ka imah Ua, nu digigireun imah Ua 
Endang. Hate kuring teger ..... kuring geus di Bandung deui, 
dilariung ku dulur-dulur kuring.

PANUTUP.

Ieu dongeng kajadian nu sabenerna. Sabenerna kuring keuna ku trauma 
ku kajadian ieu. Kuring tara daek nyaritakeun kajadian ieu, salila 24 
taun. Nu nanya ukur dijawab saperluna, lolobana mah ngabetem we. Nu 
loba nyaritakeun, anak buah kuring nu harita ngilu. Tapi ayeuna geus 
24 taun, meureun geus waktuna kuring nyaritakeun kajadian ieu, ti 
kuring sorangan.  Keur pangeling-ngeling ka Kang Deden Muharam, nu 
kuburanana aya ditonggoheun imah kuring ayeuna. Namina dijieun aran 
jalan di Lokasi Transmigrasi Satai, Kabupaten Sambas Kalimantan 
Barat. Mudah-mudahan anjeunna kenging katenangan sareng Iman Islamna 
ditampi ku Allah Swt.

Cag ......

Baktos,
WALUYA





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/SktRrD/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke