Wilujeng siang kang Ono, damang?
Kang Im, tah ieu parantos lengkep waleran ti kang Ono, mung telat dongkap ka abdi mah surelekna.
Mia
On 9/7/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
__._,_.___
*** Rek nyanyahoannan ah....
Ngeunaan sholat sunah awwabin, aya sababaraha pendapat para ulama. Awwabin sorangan arti harfiahna nyaeta jalma-jalma nu tobat. Nya pami numutkeun arti harfiah mah sholat sunah awwabin teh (meureun) sebatan kanggo sholat sunah tobat. Kusabab kitu, teu sakedik nu ngalakonan sholat sunah awwabin ieu pas nisfu sya'ban, "filosofi" na mah nyaeta sangkan nutup buku catetan amal ku pagawean nu hade (atanapi ku tobat). Sabab, ceuk cenah, pas nisfu sya'ban eta tutup buku catetan amal perbuatan urang salami sataun.
Aya oge para ulama nu nyebatkeun yen sholat sunah awwabin teh nami sanes tina sholat sunah dhuha. Hal ieu dumasar kana hadist yen sholat na jalma-jalma awwabin (jalma-jalma nu tobat) nyaeta dina wanci anak-anak onta ngarasa kapanasan (wanci dhuha).
Nanging numutkeun mazhab Imam Syafii mah, sholat sunah awwabin teh nyaeta sholat sunah di antawis sholat Maghrib sareng sholat Isya. Hal ieu dumasar kana hadist yen sing saha jalma nu sholat sunah 6 rakaat ba'da maghrib, ku Alloh eta jalma dilebetkeun kana golongan jalma-jalma awwabin.
Kitu manawi....pami teu lepat mah....
Janten sholat sunah gerhana sareng shalat sunah awwabin tangtos benten. Kahiji, benten dina niatna. Kadua, oge benten dina prak-prakanna.
Bilih aya nu lepat punten pang lereskeun. Mangga ah....
Baktos,
OTA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

