Leres Wa, seratan MJ di Cupumanik "khas MJ", abdi macana tepi ka seuseurian.
maca dina mobil waktu ka Puncak, bari dibaca tarik, meh supir ngiring ngadangu.
Barakatak seuri, sugan teh enya aya suhunan "maung ngamuk" bari ngabayangkeun
nu kumaha nya lamun aya.
 
 
Baktos,
ika

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leuh hanjakal atuh, wios ke sugan sanes waktos tiasa pareng.
Nu mawi ngabewarakeun ka babakan ge, sok sieun diherengan deui ku Mang J, bisi majarkeun teu ngajak.
Tuh nya inget we kana tulisan Mang J dina Cupumanik bulan ieu ngeunaan arsitektur imah Sunda, enyaan artikel ieu beunang MJ sigana teu diedit deui ku redakturna, da karasa keneh pisan gaya tulisan MJ, eta meureun pedah redakturna keur kuliah deui di SRD ITB, ari MJ apan geus lulus, moal enya wani ngutak ngatik tulisan sang senior.
 
MSasmita
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, September 07, 2006 5:07 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Rek aleut-aleutan poe saptu

Kabita Wa. Hoyong ngiring. Mung kaleresan abdi saptu ayeuna mah aya tugas ka Ciamis.
Wilujeng Wa. Daintos dongengna.
 
Baktos,
ika

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]net> wrote:
Ieu mah lain ti kleub Aleut barudak sajarah Unpad, tapi kuring jeung indung budak baris ngilu aleut-aleutan engke poe Saptu pageto, nu ngayakeunana ti Bandung Trails, acara poe Saptu teh disebutna Bandung Historical Walk.
Miang tabuh 7.00 isuk-isuk ti hareupeun Hotel Preanger, terus ka Pendopo di alun-alun laju ka Banceuy rek ningali rohangan sacangkewok urut BK di berok, tidinya ngaleut ka Gedong Sate bari ningalian gedong sejenna anu boga sajarah, penungtunganana nya di Gedong Sate, rek ningali Bandung ti munara gedong sate, mayarna 45rebu saurang, dibere keur capek rahem di jalan jeung meunang dahar beurang.
Bilih aya nu bade ulubiung mangga we telepon ka Linda 08121492502.
Ngayakeun acara siga kitu teh sok aya anu di kokojoan ku Mahasiswa Sejarah Unpad, nyarebut dirina Kleub Aleut, pedah eta sok abring-abringan aleut-aleutan, ningalian gedong gedong di kota Bandung.
Kuring ngiluan bari sakalian rek ngawanohkeun Rumah Baca Buku Sunda, jeung ongkoh deuih kataji, sugan we beuki nyaah ka sarakan.
 
MSasmita



How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke