|
HUTANGNA PARA PANGARANG SUNDA Teuing atuh naha pantes lamun disebut hutang teh, enya karasana teh siga nu
euweuh deui basa sejen, hutang didieu mah lain ngajemblug teu mayar hutang duit
tapi buku buku Sunda anu teu acan tamat jeung moal tamat, tapi sigana ambih teu
disebut hutang teuing mending urang robah bae judulna ku BUKU BUKU ANU MOAL
TAMAT JEUNG ENCAN TAMAT
Kuring teh rek nulis ngeunaan ieu, anu kakara kanyahoan aya 5 buku, eta ge
rada hemar hemir rek nulis kitu teh, dikecemplungkeun kadieu teh sugan we aya
baraya anu boga data tur haat mere nyaho.
Baruang Ka Nu Ngarora, hiji roman anu ditulis taun 1914, malah disebutkeun
roman munggaran dina basa Sunda anu ngabogaan ajen sastra, dipedalkeun ku
Commisie voor de Volklectuur cikal bakal pamedal Bale Pustaka, nu nulisna DK
Ardiwinata, guru dina jaman Walanda, kungsi jadi pagawe Bale Pustaka.
Dina buku Baruang Ka Nu Ngarora dina kaca pangtungtungna aya tulisan "AYA
TULUYNA", tangtu pangbade anu maca bakal medal deui buku kaduana, tapi tug dugi
ka DK Ardiwinata dipundut ku Anu Kawasa dina taun 1947 buku tuluyna teh teu
kungsi medal, padahal waktuna teh 33 taun, lamun diitung ti 1914 tug nepi ka
1947.
Aya eta ge anu nuluykeun nyaeta buku anu judulna Dodoja Ka Nu Ngarora
beunang MA Salmun dina taun 1951, disebut nuluykeun Baruang teh pedah ngaran
ngaran anu ngalalakona sarua jeung ngaran ngaran dina Baruang.
Buku Baruang Ka Nu Ngarora geus ngalaman sababaraha kali mindo citak, anu
pangahirna nyaeta dina taun 1984 ku pamedal Rachmat Cijulang.
Buku sejen nyaeta Sadjarah Sunda beunang Drs R.Ma’mun Atmamihardja anu
medal taun 1958, dina panganteurna togmol disebutkeun bakal medal deui buku ka 2
na, tapi tug nepi ka kiwari teu kungsi medal. Eusina ieu buku nyaeta perelean
sajarah Sunda ti mimiti harti kecap Sunda tug nepi ka runtagna Pajajaran dina
taun 1579.
Ari Drs R.Ma’mun Atmamihardja dina taun 1958 jadi dosen sajarah di Unpad,
hanjakal teu manggihan deui data anu lengkep ngeunaan anjeuna, dina buku
Ensiklopedi Sunda ge teu kacaturkeun boh dina lema ngaran atawa dina lema judul
buku (atawa kuring nu teu taliti ningali kitu)
Ceuk dina panganteur buku kahiji, buku kadua teh rek dieusian ku jaman
Islam, nepi ka taun 1958, nya meureun kumaha kiprahna urang Sunda dina
marebutkeun kamerdekaan, hanjakal buku kadua teu kungsi medal.
Buku anu matak panasaran mah nyaeta buku anu judulna Bandung Baheula
beunang nyusun R.Moech A Affandie, anu medalkeun Guna Utama Bandung dina taun
1969, aya dua jilid, Bandung Baheula ka 1 jeung ka 2. Dina kaca panungtung jilid
ka dua aya sabangsa bewara rek medal buku ka 3 anu disebutkeun judul keur
eusina.
Pangna disebut matak panasaran teh pedah we eusina loba pisan anu
ngagambarkeun kumaha kaayaan Bandung baheula kaasup tingkah paripolah pengeusina
kitu deui gegedenna.
Geura urang cutat sabagian tina buku jilid ka 1, dina sub carita Wawancara
Jeung Pa Singa :
"Jaman di Bandung kolot budak ubyag pada mikaresep kana iteuk. Malah
caritana nyorang nepi ka dikongkurskeun sagala rupa, nu tempatna teh di Pandapa
Kabupaten, nyaeta ku pokalna Panitia nu diluluguan ku Bupati Bandung RT Hasan
Soemadipradja. Demi nu ginulur mujur kapilih ku rengrengan juri meunang hadiah
ka hiji nyaeta "Si Tangkolo" bogana M.Ingi urang Kanoman. Guru Ardi ngentab
panas pedah iteukna "Si Tengsek" eleh jajaten ku "si Tangkolo"…….jst.
Tuh kapan matak pogot macana.
Buku jilid ka 3 teu kungsi medal, duka kunaon, duka teu kabujeng panginten
da R Moech A Affandie ngantunkeun dina taun 1972, sedengkeun dibabarkeunana dina
taun 1913.
Demi buku nu ieu mah wedalan anyar, taun 2000 ti Geger Sunten, judulna Lima
Abad Sastra Sunda Sebuah Antologi, beunang Wahyu Wibisana, Iskandar Wasid jeung
Tini Kartini, kandel nepi ka 932 kaca.
Eusina aya lima sargah, kahiji Sastra Sunda Kuno, aya Bujangga Manik,
Ramayana, Sewaka Darma jste, anu kadua, Carita Pantun, katilu Dongeng, kaopat
Sastra Lagu, kalima Wawacan.
Dina jilidna ditulis kalawan eces Jilid 1, ngan duka teuing naha aya atawa
henteuna jilid ka 2, da can kungsi manggihan, padahal lamun diitung ti taun 2000
nepi ka ayeuna geus 6 taun.
Ngan buku ieu mah optimis jilid kaduana bakal medal, da para editorna ge
jarumeneng keneh.
Buku nu ieu mah ngeunaan Inventarisasi Dan Dokumentasi Peninggalan Sejarah
Dan Purbakala Jawa Barat, medal taun 1989, buku ieu buku hasil Proyek Pembinaan
dan Pelestarian Keprbakalaan Jawa Barat, anu jadi Pimprona Sanui Edia.S
Dina jilidna mah euweuh tulisan buku kasabarahana, ngan palebah gigirna
(bagian anu aya elemna) aya tulisan angka 1, duka teuing naon maksudna ieu
tulisan, naha ngan sakadar tanda, atawa memang buku ka hiji.
Ari ningali eusina rada euyeub, Masa Prasejarah, Masa Hindu Budha, Masa
Islam, Masa Kolonial, Masa Kemerdekaan.
Tah naha ieu buku-buku teh kaasup hutang atawa henteunya..?
MSasmita
(aya kuhayang hayang teuing nyieun buku, buku naon we, boh kumpulan sajak,
boh kumpulan carpon, atawa buku carita, rek dina basa Indo rek dina basa Sunda,
ngan geuning hese pisan, mimitina mah sumanget lila lila ngulapes. Kuduna
mah nu geus karolot model kuring, samemeh maot teh kudu boga heula buku anu
diterbitkeun, atuh nu ngarora memeh kolot teh kudu geus boga buku karyana, ka
anu geus boga karya ngarupakeun buku kuring mah sok kacida hormatna, lantaran
kuring ngarasakeun kumaha hesena...).
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] Pasipatan Lalaki Aj Kusnet
- [Urang Sunda] Hutangna Para Pangarang Sunda MSasmita

