Kuring rek medarkeun hiji pangalaman salah sahiji
pangdam Siliwangi, nyaeta Radja Inal Siregar tea.
(taun sabaraha tah jadi pangdam di Siliwangi, kuring
teu inget). Hiji mangsa radja Inal teh nganjang ka UI
dina hiji acara. dina acara eta teh (pertemuan
terbatas) manehna balaka kumaha susahna "ngabina"
mahasiswa. Hiji mangsa keu rame-ramena mahasiswa demo
di ITB, aya hiji acara seminar anu ngundang para tokoh
jeung para seniman. anak buahna Radja Inal Siregar oge
"ngiringan" dina acara eta teh. Pokona acara eta teh
tina a nepi ka Z saha-saha wae tokoh anu datang
kacatet sadaya. Tapi aya saurang tokoh, anu nyumbang
maen gitar teu kacatet jeung teu kanyahoan
asal-usulna, sabada nyumbang dina acara eta kereles
"ngahiyang". Padahal sababaraha kali dina acara demo
teh eta jalma teh sok mucunghul. Para intel di
lapangan lapor ka Radja Inal Siregar, puguh wae atuh
juragan Pangdam teh ngambek laklak dasar ka anak
buahna "Dasar intel melayu!!!". Nepi ka Radja Inal
Siregar jadi Gubernur Sumatera Utara, teu tiasa
maluruh, identitas tokoh "misterius' eta.

baktos,

mrachmatrawyani


--- aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Muhun teh da sami KOWAD ( Korp Wanoja Angkatan Darat
> ) oge jalmi, komo upami dipoyankeunnana sapoe jedur
> mah, tengah poe ereng erengan ti enjing dugi ka
> sonten mah geura seueur nu ngajoprak dugi kapiuhan,
> salajengna mah ngiuhan.
>   ......yanto.....tatanggi jenderal
>   ti dayeuh busan
>   
> 
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>               Rariweuh Mang nyandak istri
> mah…biasana sok disarinjang & kabaya, lamiiii… teu
> acan dangdos siganamah ti janari keneh da kedah ka
> salon heula…jaba mapahna gubay-geboy…komo bari dipoe
> mah, hawatosss…bilih wedakna luntur heheh. Kajabi
> istrina tangtara deui…dipoe ge nagen, tapi kamari
> waktos ningali upacara 17an dina TiPi aya Kowad bade
> ngagebru...ah, duka ketang, taroskeun we ka
> Pangdam-na...heheh.
>   
>   ro2
>   anakkolong
>



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke