usul deui mang J Moh. Toha payuneun jl. Moh. Toha. Ulah jiga cibaduyut aya 
sapatu badag ngajeblag. ari anu teu terang mah ieu teh jalan sapatu kituw.

by
----- Original Message ----- 
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Cc: <[email protected]>
Sent: Friday, September 08, 2006 10:39 AM
Subject: [Urang Sunda] (surat keur bandung) patung suratung


>
> kieu ieu teh, dung,
> mun urang ngilikan kota2 sejen di luar nagreg, patung nu aya di kota teh,
> salian ti raja atawa pahlawan, boh keur nangtung atawa naek kuda, loba oge
> tokoh2 dina widang sejen.
>
> di urang mah karek para pahlawan revolusi wungkul, siga jendral sudirman
> di hareupeun seskoad. patung tentara pelajar di viaduct. hade tah patung R
> Dewi Sartika di taman balekota, oge patung ir.h.djuanda di pakar. sanajan
> dua patung eta ngan ukur 'patung dada', patung nu ngan nepi ka dada.
>
> conto kota, di kopenhagen, gigireun trotoar hareupeun balekota, aya patung
> aki2 keur diuk. ditilik2 teh sihoreng Hans Christian Andersen. di basisir
> aya patung mojang nu sukuna lauk eta, putri duyung. eta lain ti carita
> rakyat atawa legenda, tapi estuning ti carita karangan HC Andersen. di
> helsinki, finlandia,  salian ti raja russia nu kungsi ngawasa, oeg aya
> patung sastrawan finlandia. bakatku kataji, kuring nuliskeun eta di dua
> novel kuring. tangtu loba deui conto di kota sejen.
>
> tah, dung,  salaku puseur dayeuh jabar atawa ibukota urangsunda, asa tegep
> mun nambahan koleksi patung nu sumberna tina macem2 widang. utamana nu
> dipikawanoh ku balarea oge aya nu pikeun pangeling-ngeling.  enya, di
> parapatan lembong lengkong aya patung persib, tapi eta karek ngawakilan
> dunya olah raga, bari jeung prestasi persib teu salawasna nyongcolang. oge
> cenah cabenerna lokasi patung persib didinya teh kurang hade, sabab di
> dinya pisan aya kajadian perang waktu revolusi. hadena mun erek patung
> perang. patung persib pindahkeun hareupeun stadion persib.
>
> tina widang carita rakyat atawa legenda,
> asa tegep mun di bandung aya patung si kabayan, sangkuriang, dayang sumbi,
> mang lengser. nya model sangkuriang mah pamuda gagah jeung kasep we
> kitulah. dayang sumbi, istri awet ngora awet geulis.  si kabayan, mun bah
> us us atawa kang ibing teu kersaeun jadi modelna, kuring oge teu nanaon.
> haha.
>
> dina widang intelektual, meureun hade pisan mun aya patung Hoesen
> Djayadiningrat. anjeuna teh doktor munggaran di ieu nagara.
>
> dina widang sebut we filsafat sunda, haji hasan mustapa
> dina widang sastra, pantes mohammad moesa. us munggaran nu karyana
> dicitak, panji wulung tea.
>
> oto iskandardinata masih perlu dijieun patungna, sabab salian ti tokoh
> bandung mangsa revolusi oge anjeuna pisan nu manggihan pekik merdeka!
>
> dihandapeun patung2 eta, bere plakat atawa katerangan saha tokoh nu
> dipatungkeun teh. sangkan generasi ngora mikawanoh.
>
> tempatna?
> hade mun di hareupeun monumen perjuangan rakyat jawa barat, di taman nu
> manjang ka arah gasibu. ku ayana patung2 jelema di didinya, mudah2an bisa
> ngurangan rupa aneh monumen nu ngan ukur beton melengkung nu cenah dicokot
> tina rupa dapuran awi, karya pematung kahot urang purwokerto, dosen di
> itb, sunaryo.
>
> wilujeng milangkala, dung. sing beuki geulis luis genah merenah tumaninah
>
> deudeuh ti kuring, nu ngumbara di anjeun
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> __________ NOD32 1.1744 (20060908) Information __________
>
> This message was checked by NOD32 antivirus system.
> http://www.eset.com
>
> 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke