Hatur nuhun Kang Eko.

Abdi mah ti Singaparna teh nyingcet saalit, ka Mangunreja, caket pisan Polres. Pan ayeuna mah Polres Tasik teh di Mangunreja.

Leres kang Eko, sasih Januari kapengker aya bewara di Detik perkawis abdi. Ah eta mah pagawean ki sobat adu gaduh rerencangan di Detik.

Insya Allah boboran siam mah tos di lembur. Hoyong pisan atuh kopdar sareng baraya di milis Tasik.

Baktos,
AJ

Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng kang asep ngiring bingah....palih mana singaparna kang ?
Asana sababaraha sasih kapengerker kantos ngaos di detiknet beritana
perkawis kang asep nalungtik di prancis.

Wilujeng kang ngiring bingah+reueus mudah-mudahan upami janten milis
tasik bade aya halal bi halal sababaraha dinten ti boboran saurna
mudah-mudahan tiasa tepang dilembur.

Baktos
@ERN

> On 9/7/06, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]fr> wrote:
>
> Rada elat dibewarakeun, margina nembe norojol kamari ka kantor. Padahal
> ujianna ping 4 Juli 2006. Dulur urang di babakan Kusnet: Sdrk. Asep Juwarna
> -- urang Singaparna, anu janten dosen di Universitas Gunadharma, lulus
> janten Doktor dina widang informatika di Universitas de Bougogne. Dijon
> Prancis. Wilujeng Kang Asep. Mugia janten elmu anu mangpaat, pikeun
> kamajuan diri sareng kajembaran lemah cai.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke