Ngumpulkeun saniskara budaya jeung pangaweruh kasundaan éstu penting pisan. Tapi penting ogé ayana Karesian anu bakal ngabebener, ngalelempeng, malah mandar jadi patokan.

Insya Allah uing mantuan, Ki, kukumpul terus setor, ké mun geus di Dépok. Geus bisa ngarénghap sigana ayeuna mah. Heueuh atuh da rumasa uing mah jelema sékuénsial, teu bisa paralél, hé hé... Apan hutang ogé can kataur... Enya tarjamah Quran téa... Hampura, nya euy kaluli-luli...

Enya, urang kukumpul baé lah. Urusan karesian mah sanggakeun bae ka kasepuhan di Bakus: Apih Sidik, Ua Sas, Kang Ganjar, MJ... Saha deuih nya?

AJ

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:
--- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com, mh <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
>
> Kabita teu Kang? Hehehe. Upama kabita, yu urang
> turutan. Keun bae tuturut munding oge, ari mundingna
> aya mah. Carana sederhana jigana: sing saha wae, nu
> mibanda pangaweruh urusan kasundaan, boh lisan boh
> tulisan, geura tembrakeun di jagat maya. Ngarah pada
> maca ku balarea. Sugan ari geus kabaraca mah, aya nu
> kabita. Meureun upama geus kabita mah, karek aya
usaha
> keur mibanda. Sukur-sukur upama terus mikacinta
jeung
> mulasara. Sanes kitu?
>
> salam,
> mh
>

Kang MH,

Ieu teh WAJIB... pokona mah, naon bae anu bisa
didigitalisasi dina BS, kudu dilakonan.

Ayeuna... elmu arkeologi teh apan make gula-gali batu
jeung taneuh sagala dina raraga ngumpulkeun data na.
Engke mah... arkelogi teh metodeu na, nya ngagalian
data DIGITAL.

Mun basa SUnda jeung masyarakat SUnda geus tumpur.
Tah... bisa direkonstruksi deui tina data digital. Sok
buru2... meungpeung aya keneh.... dedetkeun kadinyah
he he he.

baktos,
Rahan

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke