Aya tambahan deui, kecap beunang sareng meunang oge
bisa hartina "boleh","bisa" atanapi "dapat". Conto:
1. "Meunang teu kuring ngilu ucing sumput???"
(meunang= bisa/boleh)
2. "Manehna mah teu beunang dibejaan,dasar
bangkawarah!!" (beunang = bisa/dapat)
3. "Eta cau meunang ngala ti buruan atanapi tiasa 
disingket janten "Eta cau meunang ti buruan". (meunang
=dapat)
4. "Meunangkeun Urang mana, Jang Yadi teh?" (meunang=
dapat)
5. "Enggal Beunangkeun cintana Neng Yani teh atuh Kang
Yandi,bising ku batur manten!" (beunang=dapat, tapi
dalam bentuk perintah)
6. "Kuring Meunang eta Buku di Toko Gramedia.
(Meunang=dapat)

Bedana beunang sareng meunang:
1. Teu sapertos Beunang, Meunang tiasa ngagaduhan
harti menang,conto:
 "Uwa Abdi meunang dina Pasanggiri Adu Bangkong". Teu
tiasa janten "Uwa abdi beunang dina Pasanggiri Adu
Bangkong".
2. Beunang ngagaduhan harti "dapat" dina artian
"tertangkap" 
conto : "Beunang siah!!" Gorowok Mang Jana Pas Ngurek
Lauk di Sawah. 
Asa Aneh upami kalimah ieu digentos janten "Meunang
siah!!", kesanna ieu mah hartina menang.

Abdi bade tumaros, Naha tos Aya buku nu khusus
ngabahas "Grammar" atanapi "Tata Bahasa" Basa
Sunda???, sakaterang abdi mah nu aya ayeuna teh nembe
Kamus Vocabulary-na atanapi kosa katana wungkul.



--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sigana mah ari "beunang" téh ngacu kana jejer pasip,
> ari "meunang" mah sabalikna, ngacu kana jejer aktip.
> 
>     
>    Buku sejen nyaeta Sadjarah Sunda beunang Drs  
> R.Ma'mun Atmamihardja anu medal taun 1958.-->
> beunang atanapi   meunang ?
>    Imah teh meunang kuring ! --> beunang atanapi
> meunang ?  
>    Beunang belut teh ? ( bisa   beunang, bisa
> meunang )  
>   Kukituna, tilu conto kang Emod di luhur kudu make
> "beunang" sabab  tiluanana jejerna pasip: buku,
> imah, jeung belut. Conto sabalikna,  nyaéta nu
> jejerna aktip:
>   
>     
>    Pérsib meunang basa diadu jeung Brazil poé Minggu
> kamari.  
>   Tapi naha enya kitu? Cik geura urang balikkeun dua
> conto di luhur,  sabada ku kuring "dibenerkeun" (ieu
> mah bebeneran beunang kuring, nu  can pasti bener
> téa):
>     
>    Imah téh beunang kuring ! --> Kuring téh meunang
> imah !
>    Beunang belut teh ? --> Meunang belut henteu ?  
>   Asa aya nu kurang nya? 
>   
>   Alus sigana mah mun jadi "paper", judulna:
> "Beunang téh lain pasipna tina meunang". Sok geura.
> Ha ha...
>   
>   
>   AJ
>   
>   
> 
> kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                
>                                  kang Emod...,
>   nyobiah ah....,
>   1. dina kalimah ka hiji beunang didieu hartina
> karangan...
>   2. dina kalimah ka dua meunang didieu hartina
> hasil usaha atawa hasil gawe...
>   3. dina kalimah ka tilu beunang didieu hartina ka
> tewak/katangkep...
>   sakitu pemendak sim abdi mah, punten bilih lepat
> manggga nu sanes bilih bade mairan deui...
>   
>   cag...ah, nuhun.
>   
>   "kkbm'69"
>   -keur sami-sami diajar keneh....
>   
>   
> 
> On 9/8/06, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:                                              
>        
> Baraya, sim kuring bade tumaros kecap "beunang"
> sareng "meunang" ngalarepkeun dina hiji kalimah.
>     
>    Buku sejen nyaeta Sadjarah Sunda beunang Drs  
> R.Ma'mun Atmamihardja anu medal taun 1958.-->
> beunang atanapi   meunang ?  
>    Imah teh meunang kuring ! --> beunang atanapi
> meunang ?  
>    Beunang belut teh ? ( bisa   beunang, bisa
> meunang )
> 
>    
>   Emod
> 
> 
> Elmu tungtut dunya siar, hade turut goreng singlar,
> mun korupsi burut siah..!!!   
>    
>    
>      
> 
> ---------------------------------
> Apakah Anda Yahoo!?
> Kunjungi halaman depan   Yahoo! Indonesia yang baru!
>       
> 
>                     
>                   
> 
> 
> 
> 
>   
>       
>                                     
> 
>               
> ---------------------------------
> How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low
>  PC-to-Phone call rates.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke