Heuheuheu MJ, puguh Abdi oge cangcaya yen eta teh sapeda nabi Adam. Maenya, da ceuk cenah, waktu masih sakola, sapeda mah aya na teh kadieunakeun. Mung nya kitu tea, pami kedah "nyolot" sareng jalmi-jalmi nu nembean ti tanah suci mah, nu "notabene" diantawis aranjeunna aya sepuh Abdi, asa teu wasa. Kantos eta oge dijentrekeun ku Abdi yen teknologi sapeda mah tacan aya di jaman kanjeng Nabi Adam, kalahka malik muncereng. Majarkeun teh nyanyahoannan, cenah, "Maneh kungsi sajaman jeung Nabi Adam kitu...?".

Tah, numutkeun Abdi, nu lepat mah "tour guide"-na. Maranehna masihan info nu lepat ka para Jamaah Haji. Leuheung pami Jemaah Haji na seueur pangaweruhna dina masalah peradaban manusa oge perkembangan teknologi, cindekna mah kalebet kaum intelektual. Kumaha pami diantawis Jemaah Haji teh masih aya jalmi-jalmi nu kolot sareng tradisional pola pikirna, sapertos sepuh Abdi tea. Enya antukna weh percaya yen eta teh leres sapeda nabi Adam.

Nu ditaroskeun ku Abdi (atanapi nuju dipilarian) mah taya lian "jurus jitu" kanggo ngaruntagkeun eta pamikiran tradisional tea. Susuganan we pami "jurus jitu" na tos kacekel mah, maranehna langkung percaya ka Abdi tibatan ka "tour guide"-na waktos naek haji. Kumargi paculeun lumayan numpuk, nya dialungkeun we eta patarosan teh ka babakan.

Manawi kitu jujutanna mah....
Sakali deui, da Abdi mah teu pernah kaemutan aya sapeda nabi Adam di Arab.

Btw, hususon kanggo MH, hatur nuhun parantos masihan sumber informasi nu mundel kanggo Abdi.


Baktos,
OTA
*** Sa-almamater sareng MJ, Alumni ITB oge
     


"mj" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

09/11/2006 10:22 AM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] Sapeda Nabi Adam







ih aing mah, aya beja ngeunaan sepeda nabi adam bae dipatalikeun jeung
nabi adam atawa enya henteuna. alumnus itb nu nanya kitu teh. haha. cilaka

ku saliwat oge, teu asup akal atuh. eta mah ngan ukur heureuy. pedah
ukuran patung sapedahna badag enjum.



mj

http://geocities.com/mangjamal

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke