muhun bah simkuring ge sapuk. malah maksad tulisan simkuring nu dicutat ku abah di handap ge asa na mah sami sareng nu dimaksad ku abah. meunang urang ngiritik ustadz nu jadi khatib, alus malahan mah supaya leuwih ngeusi eusi khutbahna teu ukur ngagogoreng batur wungkul.

dh

On 9/12/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ngeunaan ustad nyarekan lamun ngagogoreng ka ustadna sacara
> indipidu mah nya memang goreng. ngan lamun SEBAGAI (poho sundana)
> kritik mah asa merenah oge di cemplungkeun ka ieu milis.
> pan US teh kalolobaanna Islam. sugan we aya nu
> bisa mangnepikeun ka ustadz-ustadz.
> simkuring ge remen ngadenge nu khotbah
> eusina dengki wungkul, asa teu alus lamun kudu diuar-uar ka umum.

Walah, naha soal "pastorr" jadi lumpat ka kuring? sabab kuring nu
ngasupkeun posting make judul KHOTBAH NYAREKAN teh, lain ustadz
nyarekan. Keur klarifikasi, bisi jadi PITENAH, pajarkeun kuring
ngagogoreng dulur sorangan atawa agama kuring sorangan, ku kuring
dicutat deui tulisan kuring dina posting eta, dihandap ieu :

***************
Kadang-kadang kuring sok teu ngarti, naha nu khotah jumaahan, bet
nyarekan jeung ngagogoreng batur? jiga wartos dihandap ieu, aya nu
khotbah di Masjid DPRD DKI nyarekan Gus Dur. Atuh puguh nu
ngareungeuna, pangpangna mah ti unsur PKB, ngambek. Jumaahan nu
maksudna keur nengtremkeun hate, bade muja Alloh Swt, malah nu kaluar
amarah .... "
Wartosna nyanggakeun :
Khotib "Pencaci" Gus Dur Minta Maaf
http://www.gatra.com/artikel.php?pil=23&id=97393
***************

Nyanggakeun we ka baraya sadayana, naha tulisan kuring nu diluhur teh
ngagogoreng dulur sorangan/ agama kuring atawa ukur kritik. Naon
sababna kuring wani nulis/ngritik kieu? Enya da nu Khotbah ge jelema
lain malaikat, kudu aya nu ngageuing, lamun khotbahna ngacapruk.

Kuring inget, kungsi posting di KUSNET, soal nu khotbah sebat-sebut
kamana wae. Salian nulis didieu, kuring ngomong ka pangurus DKM. Ari
sugan teh moal ditepikeun ka Pa Ustadz nu khotbah. Naon, cing jawab
Pa Ustadz? kurang leuwih kieu: "Hatur nuhun dikoreksi, keur masukkan
abdi ari khotbah, jeung atoh khotbah abdi aya nu ngareungeukeun, da
lolobana mah narundutan". Pa Ustadz nu jembar hatena teh, kaasup
ustadz kasohor di Bandung mah.

Ari kahayang teh, samemeh nyebut/nuduh "ngagogoreng batur",
ditunjukkeun heula, mana kalimah nu ngagogoreng batur teh. Sabab
engkena bisi jadi PITENAH. Pan cilaka tah kuring ..... atawa memang
supaya kuring cilaka kitu, aya nu ngarah-ngarah da pajarkeun
ngagogoreng ....

Hatur nuhun.

Baktos,
WALUYA




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke