Kinten taun 2001, waktos Pusat Dinamika Pembangunan Unpad ngayakeun panalungtikan kana kasenian Sunda, simkuring kantos ngadamel seratan perkawis éta. Malah Kang Ganjar pisan nu diwawancarana gé. Saur Kang Ganjar harita, salah sahiji tarékahna téh nyaéta ngadamel buku perkawis kasenian di urang. Alhamdulillah apan bukuna parantos medal, âDeskripsi Kesenian Jawa Baratâ nu diserat ku Kang Ganjar sareng Kang Artur.
Taun 2002 di Manglé kantos aya riungan nu madungdengkeun sual éta. Sawatara ahli seni diulem. Nanging harita mung semet luh-lah bari teu terang kumaha nyalametkeun kasenian nu méh ilang téh.
Saterasna Kang Enoch Atmadibrata kantos ngajengkeun usulan (ka Pusat Studi Sunda) perkawis dokuméntasi kasenian dina wangun VCD (ieu gé saleresna tos ditaratas ku Kang Ganjar), nanging dugi ka kiwari éta program teu aya deui béjana.
Ayeuna Kang Ganjar méntes ka urang Sunda (pangpangna nu linggih di Babakan Kusnét) pikeun ngadugikeun kamandang séwang-séwangan. âUrang ngobrol daria ayeuna mah.â Kitu apananan.
Najan henteu dugi ka kumplit, simkuring sok leukeun ngiliping rupaning seratan nu patali sareng kasenian Sunda, tulisanana, potrétna, malah VCD-na. Sabada ngimeutan nu dikiliping téa, jogna mah kana kacindekan saheulaanan, enya sugan réa seni Sunda nu geus rék ilang. Malah kamari kénéh, Sadérék Déa mahasiswa Sastra Sunda UPI wawancara sareng Kang Yaya (sanés Kang Yaya Koréa), salahsahiji pamaén âBangkong Cisékéâ. Saurna éta kasenian téh puluhan taun teu kantos dipentaskeun deui. (seratanana tiasa ditingal di dieu: http://www.cupumanik.com/bray2.php?id=52.
Kang Aan Merdéka Permana ti Galura, bawiraos kawilang leukeun. Da éta wé, anjeunna ngamodal sorangan pikeun ngadokuméntasikeun Seni Pantun nu méh tumpur dina wangun VCD. Dina éta VCD, Ki Juru Pantun tos tokroh-tokroh, tapi katingal kénéh sumangetna mah.
Ngabandungan pamendak Ua Sas, dina enas-enasna mah simkuring satuju. Sanaos cék étangan Si Ua dugi ka 2,7 milyar, ari kanggo kamajuan Sunda mah teu kedah dieuleuh-euleuh (mun dikorupsi onaman, euleuh-na gé boa salikur kali). Nanging ieu mah ngémbohan baé:
1. Ngadamel heula tim nu dipasihan tanggung jawab pikeun invertarisasi, dokuméntasi, visualiasasi kasenian Sunda. Pangpangna keur kasenian nu sakarat téa.
2. Unggal kasenian (pangpangna nu tos pikahariwangeun) teras dititénan kaayaanana ku tim téa, ulah dugi urang kapoosan terang-terang parantos tilem.
3. Ngadamel sarupaning dokuméntasi kasenian dina média visual, ti mimiti tataharna nepi prak-prakan magelarkeunana, supados aya patokan keur nu gaduh maksad ngahirupkeun deui éta kasenian (ieu tos disabit ku Ua Sas).
4. Narékahan sangkan kasenian nu geus méh sirna téh remen dipentaskeun, ditémbongkeun ka masarakat.
Ah, sakitu wé heula, bilih ângebulâ teuing. Mangga diantos ti nu sanésna.
Baktosna,
Dadan Sutisna
Panambih:
Ieu aya sawatara kasenian nu informasina ku simkuring dikiliping, bilih aya nu peryogi urang tarékahan supados datana tiasa di-digital-keun.
Sabangsaning Kasenian Angklung:
Angguk Rengkong
Angklung Badeng
Angklung Baduy
Angklung Buncis
Angklung Diatonis
Arumba
Calung
Calung Kiwari
Calung Renteng
Calung Tarawangsa
Ringkung
Sabangsaning Seni Béla Diri:
Bajing Kiring
Benjang
Padingdang
Patingtung
Pencak Cikalong
Pencak Cimande
Pencak Silat
Pencak Sahbandar
Ujungan
Pencak Ular
Sabangsaning Seni
Celempungan:
Kiliningan
Kiliningan Tanji
Stek Orkes
Tarling
Sabangsaning Seni Debus:
Babagongan
Debus
Ebeg
Gacle
Kuda Lumping
Lais
Sintren
Gesrek
Rudat
Sabangsaning Seni Gamelan:
Ajeng Karawang
Ajeng Bekasi
Ajeng Sumedang
Ajeng Subang
Degung
Gambang Kromong
Gamelan Salendro/Pelog
Goong Gede
Goong Renteng
Ketuk Tilu
Monggang
Kendang Rampak
Sabangsaning Seni Helaran:
Arak-Arakan
Bangklung (Garut)
Budak Sunatan
Midang
Mulung Mantu
Badawang
Bangbarongan
Barongsay
Bengberokan
Kuda Renggong
Ondel-Ondel
Reak
Rebana Ngarak
Sisingaan
Surak lbra
Tanjidor
Topeng Benjang
Gotong Domba
Hadro (Garut)
Sabangsaning Seni Ibing:
Bajidoran
Bongbangan
Dombret
lbing Baksa
Ibing Ngekngek
Jaipongan
Ngalage
Pesta Nayub
Ronggeng
Tari Doger
Tari Keurseus
Tari Kreasi
Topeng Babakan
Sabangsaning Seni Kecapian:
Jenaka Sunda
Kacapi Biola
Kacapi Modern
Kacapi Suling
Kacapi Tarawangsa
Sabangsaning Seni Macakal:
Karinding
Icikibung
Jibrut
Bangsing
Elet
Batok Ngisang
Suriwit
Taleot
Landangan
Seni Badeng
Sabangsaning Seni Ngotrék:
Gegendekan
Ngagender
Ngagendreh
Ngalesu
Ngaleunggeuh
Ngangkat
Sabangsaning Seni Sekaran:
Anggana Sekar
Asyrokol
Ciawian
Cigawiran
Kakawihan Barudak
Kawih
Kawih Sunda
Marhabaan
Macapat
Rampak Sekar
Shalawatan
Tembang Buhun
Sabangsaning Seni Drama jeung
Téater:
Bangkong Reang
Cador
Drama Sunda
Dramaswara
Dul Muluk
Gending Karesmen
Longser
Opera Sunda
Pantun Madraim
Pantun Priangan
Pantun Buhun Baduy
Topeng Betawi
Topeng Blantek
Topeng Cirebon
Ubrug
Sabangsaning Seni Terebang
Bangreng
Genjring
Genjring Dogdog
Mawalan
Rudat
Seni Dulag
Tagoni
Terebang Gede
Terebang Gesrek
Sabangsaning Seni Wayang
Wayang Cepak Cirebon
Wayang Golek
Wayang Golek Modern
Wayang Kulit Bekasi
Wayang Kulit Indramayu
Wayang Orang
Masres
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

