1.      AMBÉNG
 
a.       Tong bari ngambéng atuh, sok lila tepi kanu dijugjug. ( barang dahar bari leumpang )
 
b.   Kalakuan teu hadé ngambéng rusiah batur téh. ( ngucah-ngaceh )
 
2.      AMPIH
 
a.       Geura ngampih barudak, geus burit ! ( asup ka imah )
 
b.      Nyi, ampih-ampih we ayeuna mah, da daharna ogé geus bérés. (  pépérén )
 
c.       Dina usum teu aman kieu mah, ulah hayang ngampihan duit loba-loba di imah. ( neundeun )
 
d.      Untung wae boga pangampih téh bageur. ( baraya nu disina mantu-mantu rumah tangga bari sakalian dijeujeuhkeun )
 
3.      ANGGUR
 
a.      Batan ulin teu puguh mah anggur bantuan kolot di imah. (mending)
 
b.    Dasar anjing kedul, dihucuhkeun kana bagong téh anggur ngajedog. (kalah ka)
 
c.       Anu keur nyiram téh hayangeun anggur. (ngaran buah)
 
d.      Montong hayang nginum anggur, bisi terus mabok ke ! (inuman nu maké alkohol)
 
e.       Geuning mobil téh ti kamari nganggur waé di garasi. (teu dipaké)
 
f.       Geus dua minggu Jang Emod téh nganggur. (ngaligeuh, teu boga gawé)
 
g.       Naha sémah téh dianggurkeun waé atuh ! (teu disuguhan)
 
h.      Naha atuh maké pangangguran, anjing keur héés hayoh ditajong, atuh ngégél. (migawé hiji pagawéan bari tanpa tujuan).
 
4.      ANGKEUH
 
a.      Angkeuhan mah hayang boga untung tina dagang domba téh, tapi kalah rugi. (harepan)
 
b.      Tong dipaké angkeuhan teuing boga lanceuk jadi jéndral téh. (andelan; kamegahan)
 
c.       Teu resep ka si éta téh, sok umangkeuh ! (asa aing)
 
5.      AUB
 
a.       Rék aub ka rombongan mana jarah ka Mekah téh ? (milu)
 
b.     Uncal totol di buruan Istana Bogor keur ngaub mani ngabubuhan. (ngiuhan handapaeun tangkal bari ngagayem)
 
c.      Uyuhan najan ukur saaub payung sacaang damar gé geus boga sorangan. Harga tanah di kota téh mahal pisan geuning. (lahan atawa pakarangan heureut)
 
d.      Tong hayang jadi pamingpin lamun teu mampuh ngauban rayat mah. (nangtayungan)
 
e.      Anu matak buru-buru bébéja ka lurah téh sabab ieu barang katimuna dina aub payung sabet sapon soba kuring. (nuduhkeun wawatesan pakarangan jeung imahna)
 
 
Emod


Elmu tungtut dunya siar, hade turut goreng singlar, mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke