Hehehe, leres Kang Emod, kuring Mang Hasan tea. Sami puguh, nuju ngaderes deui diajar basa Sunda. Idealna mah urang Sunda teh kudu lancar lima basa: basa Sunda, basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris, sareng basa isyarah. Hehehe.
Pentingna basa Sunda jeung bas Indonesia mah, teu kudu dicatur deui nya. Pasti sadayana oge pada terang. Ari basa Arab kunaon penting? Apan eta, lain urang Sunda teh lolobana mah muslim. Piraku teu kabita, hayang ngarti eusi Qur'an jeung hadis nya. Ari basa Inggris, apan basa pangaweruh tea cenah. Tah ari basa isyarah mah, pikeun kaperluan husus, bisi aya pangabutuh ka pamajikan. Naha jadi kamana wae geuning nya. Hehehe. Perkara "nu asih dipulang SENGIT" atawa "nu asih dipulang SEUNGIT", jigana kieu: upama ninggal larapan kalimah nu dipake conto ku Kang Emod, asana mah leuwih cocog jeung nu kahiji. Eta conto teh jigana meunang nyutat tina buku Kang Tatang Sumarsono. Geura titenan deui dina eta buku ditulis SENGIT, sanes SEUNGIT. Jeungna deui nu kadua mah, asa teu pati ilahar dipake. Tapi teu aya nu ngalarang ketah, upama rek dipake oge. Ari perkara kecap "menel" sareng "nanahaon", jigana eta kecap mibanda leuwih ti hiji harti. Sugan kitu oge ketang. Salam, mh --- Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang MH ( Mang Hasan kitu ? ), sim kuring ge pas > ningali kalimah ânu asih dipulang seungitâ dina > buku âMahér Basa Sundaâ rada anéh, tapi moal > ieu téh kitu maksud sabalikna, naon atuh istilah na > téh ? > > Modél kieu aya conto deui : > > > Kacida nya , Jang Emod méré wajit téh mani > sagedé ménél (saménél). -à maksud na méré > saeutik atawa leutik, tapi âménélâ = anak > gajah. > > > Ãta beurit mani sagedé nanahaon ! à Maksudna > beurit gedé pisan, tapi ari ânanahaonâ = anak > lélé. > Emod > nu nuju diajar > > > mh <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > > --- Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > e. Bet asa nulungan anjing kadempét kuring > > mah, hanas wé bébéakan buméla téh. ( nu asih > > dipulang seungit ) > > Dina babasan "nu asih dipulang seungit", asana mah > sanes "suengit" tapi "sengit" (make e-pepeg). ari > "ASIH dipulang SEUNGIT" mah atuh memang kitu kuduna, > mulang tarima kana kaasih batur. Ari SENGIT hartina > BENGIS. babasan "ASIH dipulang SENGIT", > ngagambarkeun > sikep teuuyahan, ka nu mikanyaah kalah dibales > mikacua. > > salam, > mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

