Waalaikumsalam Wr. Wb.
*** Rek nyanyahoanan deui ah....
Numutkeun pamadegan Abdi, perbedaan pendapat eta mah wajar. Malihan saur kanjeng Nabi Muhamad SAW oge perbedaan pendapat teh rohmah (berkah). Kitu deui perkawis pro sareng kontra ngeunaan khitanan.
Nyutat tina Surat An-Nahl ayat 123 nu hartosna kirang langkung kieu :
"Kaula parentahkeun ka anjeun (Muhamad) geura turutan ajaran agama Ibrahim, manehna kaasup jalma nu lempeng tur teu musyrik ka Pangeranna"
Khitanan kalebet salah sawios ajaran agama Ibrahim. Ceuk cenah, Nabi Ibrahim kenging parentah ti Allah SWT supados "gagaduhanna" dikhitan waktos yuswa na parantos 80 taun. Dikhitan kalayan nganggo kampak.
Tah dumasar kana ayat di luhur, numutkeun pamadegan Abdi mah, khitanan oge kalebet ajaran agama Islam. Etre tur pertela disebatkeun yen ajaran agama Ibrahim nyampak dina ajaran kanjeng Nabi Muhamad, malihan mah langkung disampurnakeun.
Ngeunaan khitanan kanggo istri...
Sakaterang Abdi, istri anu dikhitan mangrupikeun kautamaan kanggo manehna. Sabab, khitanan hakekatna mah pikeun nyampurnakeun kabersihan manusa. Aya hiji hadist ti Muslim nu unggelna kirang langkung kieu "Apabila dua jenis khitan bertemu, maka telah diwajibkan kepada mereka untuk mandi". Tah numutkeun pamadegan Abdi mah, eta hadist teh sacara implisit nyarioskeun yen istri oge dikhitan.
Aya hiji riwayat ti Ad Dhohhak bin Qais, kanjeng Nabi Muhamad kungsi ngadawuh kieu ka Ummi Athiyah (nu biasa nga-khitan murangkalih istri) : Potong sakedik we, khitanan tiasa ngajanteunkeun istri nyugemakeun pamegetna.
Teras, waktos Abdi masih kuli kapungkur di Bandung, Abdi oge kungsi maos hiji artikel ngeunaan seksologi ti salah saurang dokter pakar seks kawakan di Indonesia. Anjeuna kirang langkung nyerat kieu : Salah sawios puseurna libido kaum istri teh aya dina "klitoris". Motong sabagean (ujung) "klitoris", atanapi tiasa disebat oge khitanan, tiasa ngajantenkeun libido kaum istri janten langkung stabil, nafsu syahwatna henteu "maceuh" teuing.
Eta manawi salah sawios hikmahna pami istri dikhitan.
Manawi sakitu we heula, bilih ngayayay teuing. Ngeunaan Sunni, Syiah oge Ahlus Sunah mah, isyaAllah sanes waktos.
Atuh bilih aya nu lepat punten pang lereskeun, da rumaos Abdi mah sanes ahli tafsir boh Al Quran kitu deui Al Hadist. Wallahu alam....
Baktos,
OTA
| "....:::Asep:::...."
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 09/11/2006 02:53 PM
|
|
Assalamualaikum, Baraya ....
MUI parantos negeskeun réhna murangkalih istri ogé peryogi disepitan
kanggé sakumna nu ngaku muslim, pangna emut ku éta réhna pun-anak nu
kadua teh istri kapungkur dibabarkeunna di rumahsakit, hilap deuih teu
naros ka dokterna naha tos sakantenan di sepitan atanapi teuacan.
Namung palihdieunakeun abdi mendakan situs anu pro kontra perkawis
khitan téh, malihan mah aya pamadegan anu jéntré tur écés cenah teu
aya dina Qur'an-na perkawis khitanan boh pameget atanapi istri aya
sotéh di Alkitab sareng Taurat, padahal Alqur'an teh pan mangrupakeun
kitab suci pamungkas anu nyampurnakeun kitab2 saméméhna.
Ceuk si numosting teh (ngarana M. Khafi) malah ari hadis mah tiasa
korup teu sapertos AlQur'an bisa salah anu ngadugikeun.
Janten cenah khitanan teh salah sahiji praktek islam anu mengkol/ korup.
Naha pamadegan nu mahiwal ieu teh leres kitu?
Geura sok tilik ieu rohangan forum-na :
http://www.indonesiamatters.com/648/female-circumcision/
Tah abdi oge ngarasa awam sareng rada lieur perkawis jamaah umat islam
teh. Naon ciri sareng bentenna Islam konservatif, Liberalis naon
bentenna jeung Suni, syiah, muhamadiyah, Ahmadiyah, Ahlulsunah...jrrd ???
Salam,
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

