Wa, ngalangkungan sms ka sekpri Gubernur, abdi parantos naroskeun perkawis, "acara karokean" di munara Gd Sate.
Saurna, harita sanes karaokean, saleresna aya acara Reuni ITB Angkatan Lex Laksamana (Sekda Jabar ayeuna).
Ijin kanggo wisatawan dikaluarkeun ku Staf Biro Umum, teu koordinasi sareng Bagian Rumah Tangga Sekda.
Manajemen Gd. Sate nyuhunkeun dihapunten. Teras upami kersa, diantos kasumpingan rombongan (bari sesah deui panginten waktosna nya), waktos tiasa dipilih supados langkung merenah.
Kitu Wa, mugi sadayana tiasa ngahapunten (sesah oge nya ngadugikeun ka anggota rombongan sanesna da parantos bubar).
Baktos,
ika
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nepi ka Gedong Sate, kurang leuwih jam 12 beurang, langsung dibere "minuman selamat datang" cendol sagelas, jeung sangu timbel, brak dahar bareng ngampar dina jukut, niat mimiti mah hayang naek kana munara gedong sate, ceuk panitia ijin geus aya, ngan teu jadi lantaran gegeden Gedong Sate ngadadak keur karokean di rohangan munara, bedul teh.Indung budak ngariung jeung barudak gadis sejenna, meureun dianggap rada aheng pedah geus kolot masih keneh ngingilu kitu, nya aya wartawan duka teuing ti koran naon ngawawancara ka ibu Habibah nu tos 70 taun tea jeung indung budak.Didagoan nepi ka jam 3, gegeden nu karokean can anggeus, kuring amitan ti heula da budak geus mere tangara hayang dijemput di tempat kursus tari.Mayar 45 rebu perak teh sugema, aya kateu sugema teh ka gegeden anu karokean tea, cing atuh ari geus mere ijin mah kudu tuhu kana jangji, ulah ngalalaworakeun kitu, kuring mah rek mere iber ka baraya sarerea komo ka nu ngarora mun hiji waktu aranjeun jadi gegeden ulah kitu kalakuan.MSasmita*Aya babasan "keplok cendol", ari disidik-sidik nu sok keplok siga kitu mah da lain cendol tapi cingcau, kuduna mah disebut "keplok cingcau"** Kanggo Kang Hidayat Sutrisna di Sagara Keusik, iraha atuh mulang ka Bandung, urang ameng nostalgia ka Jatayu ....!!
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] Aleut aleutan tea-hapunten ti Gd. Sate ika mardiah
- Re: [Urang Sunda] Aleut aleutan tea-hapunten ti Gd. Sa... Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Aleut aleutan tea-hapunten ti Gd... ika mardiah
- Re: [Urang Sunda] Aleut aleutan tea-hapunten t... Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Aleut aleutan tea-hapunten ti Gd. Sa... MSasmita
Kirim email ke

